Ku Besti, Suci Riksa Amalia, Siswa SMA Muhammadiyah II Majalaya Kabupaten Bandung Asup UIN SGD kalayan Gratis

- 11 Februari 2024, 16:27 WIB
Alatan BESTIE, Suci Riski Amalia, siswi SMA Muhammadiyah II Majalaya bisa ngawujudkeun  impianana jadi mahasiswi UIN SGD  Bandung bari teu kudu mayar nanaon.
Alatan BESTIE, Suci Riski Amalia, siswi SMA Muhammadiyah II Majalaya bisa ngawujudkeun impianana jadi mahasiswi UIN SGD Bandung bari teu kudu mayar nanaon. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Program Beasiswa ti Bupati (Besti) nu dipokalan ku Bupati Bandung, Dadang Supriatna, aya karasana. Salasahijina dirasakeun ku Suci Riski Amalia. Ieu siswi alumni SMA Muhammadiyah II Majalaya bisa ngawujudkeun impianana jadi mahasiswi UIN Sunan Gunung Djati (SGD) Bandung bari teu kudu mayar nanaon.

“Simkuring ngucapkeun syukur ku bantosan program Besti Beasiswa ngabantos simkuring kanggo ngalajengkeun atikan ka perguruan tinggi negeri,” ceuk Suci dina lolongkrang kagiatan gelar karya jeung ujian praktik di SMA Muhammadiyah II Majalaya, Kemis, 9 Pebruari 2024.

Suci nganuhunkeun ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna nu geus muka lolongkrang luang keur para siswa nu punjul pikeun ngahontal atikan luhur. Inyana ogè ngapresiasi ka Kepala SMA Muhammadiyah II Majalaya tur ti sakum pihak nu geus ngarojog para siswa lianna dina neruskeun pendidikan.

Baca Juga: LPK Sekai Mustika Agustus Taun Ayeuna Miangkeun B 32 nu Magang ka Jepang

Kepala SMA Muhammadiyah II Majalaya, Cucu Siti Rodiah ngapresiasi jeung nganuhunkeun ka Bupati Dadang Supriatna ku suksesna program Besti. “Ku program Besti, salasawios siswa simkuring tiasa lebet di paguron luhur negeri, UIN Sunan Gunungdjati Bandung,” ceuk Cucu.

Cucu miharep, program Besti bisa nuluy tur ngabantu siswa punjul sèjènna neruskeun pendidikan ka jenjang nu leuwih luhur.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x