Andini Alifiah Nurcahya, Siswi SMA Pasundan 3 Kota Bandung, Juara Karate tingkat Internasional

- 12 Februari 2024, 13:15 WIB
Andini Alifiah Nurcahya, siswa Kelas 12 IPA SMA Pasundan 3 Kota Bandung, juara karate tingkat internasional.
Andini Alifiah Nurcahya, siswa Kelas 12 IPA SMA Pasundan 3 Kota Bandung, juara karate tingkat internasional. /Cecep KS/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Mun keyeng tangtu pareng. Eta babasaan teh payus keur Andini Alifiah Nurcahya, siswa Kelas 12 IPA SMA Pasundan 3 Kota Bandung. Dina umur nu masih rumaja, Andini, kitu nenehna, geus leubeut ku  sajumlah prestasi dina beladiri karate. Prestasina: juara Karate ti mangsa di SD keneh tepi ka ayeuna geus mangkat rumaja.

Sajumlah prestasina, di antarana, Juara ka-3 Kata Perorangan Putri sa Jawa Barat, marebutkeun  Piala ti Pusdikkarmed; Juara ka-1 Kata Perorangan Putri Karate Sirkuit III STKIP Pasundan Cimahi; Juara ka-3 Kata perorangan putri Wimaya Internasional Karate Championship, jeung; Juara ka-1 Karate Akaido Internasional Championship 2019.

Ngawangkong jeung Galura, ieu wanoja nu hayang jadi perwira polisi teh, netelakeun, sok sanajan geus sawatara kali nyangking juara dina elmu bela diri karate, kaasup di tingkat internasional, moal ieuh ngarasa sugema. “Salamina bade diajar, bade rajin sareng disiplin kana latihan, minimal saminggu tilu kali,” pokna.

Baca Juga: H. Wisma Lesmana Indra Sadewa Nataharkeun Program Unggulan jeung Kelas Smater

Diajar beladiri karate, dibaladah mangsa keur budak keneh, ti mimiti masih siswa SD 067 Nilem Kota Bandung. Leuwih daria latihan mangsa di SMP Negeri 13 Kota Bandung. Nu gede jasana ngalatih dirina dina widang beladiri karate, keur SD dilatih ku Sensei Doni, satuluyna dilatih ku Sensei Eri. Duanana ti paguron Budokai Club Ryu.

Ancrub neuleuman beladiri karate, mimitina mah ningali eskul di SD. “Resep, seru sigana teh,” Andini ngagerendeng dina hatena. Sanggeus aya idin ti nu jadi indungna, Andini nu lahir di Bandung teh, mimiti ngasah bakat elmu beladirina. “Alhamdulillah, tinekanan tiasa nyanking juara dina sawatara kajuaraan,” ceuk Andini nu kuwari nyekel sabuk hideung teh.

Soson-soson latihan beladiri karate, meunang support ti pihak sakola, SMA Pasundan 3 Kota Bandung. Simanahoreng, Andini oge jawara basket sarta kungsi juara tingkat Kota Bandung jeung Provinsi Jabar. Munasabah, mun pihak sakola, ngabebaskeun SPP keur Andini, sabab prestasina nu salila ieu nyeungitan sakola

Hirup hayang aya mangpaat keur balarea, Andini, moal incah balilahan rek daria neuleuman beladiri karate.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x