Dedi Mulyadi : Apdesi Dipahing Ngedeklarasikeun Dukungan ka Kepala Daerah, Ari ka Capres Meunang?

- 23 Mei 2024, 07:10 WIB
Dedi Mulyadi.
Dedi Mulyadi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Penasehat Dewan Pimpinan Pusat (DPP) Asosiasi Pemerintah Desa Seluruh Indonesia (Apdesi), Dedi Mulyadi nètèlakeun, Apdesi dipahing ngadeklarasikeun dukungan ka kepala daerah .

"Waktos di Garut simkuring kaabotan,  geuning ngadeklarasikeun teh dukungan ka simkuring secara organisasi. Simkuring teu saluyu kumargi Apdesi organisasi pamarèntahan " ceuk Dedi Mulyadi satutas ngaluuhan palantikan jeung pangukuhan pangurus DPP Apdesi periode 2024-2029 di Hotel Sutan Raja Soreang, Rebo, 22 Mei 2024.

Ceuk Dedi Mukyadi, soal ngadukung tèh jadi hak pribadi, jadi teu kaci dibawa kana kaintstitusian organisasi.

SDedi miharep ka Apdesi sangkan nyurung, desa kudu gancang nyieun rarancang pangwangunan. Salila ieu ceuk Dedi desa teu mibanda rencana.

"Tos dugi kumaha kepala desa dina waktos 7 taun tèh? Salajengna dina waktos 25 taun, 40 taun tèh tos kumaha? Artos nu ngocor ka desa boh ti kabupaten, provinsi boh pusat tèh engkèn silih ngeusi kakosongan tinai pangwangunan.
Dina waktos 7 taun tèh kedah tos rèngsè, " ceuk Dedi Mulyadi.

Artina, ceuk Dedi, jalan geus teu aya nu ruksak, geus taya imah rakyat miskin deui jeung ruang layanan di kasehatan kacumponan bari teu bangga, irigasi kudu alus, teu meunang aya desa nu MCK-na di hareupeun imah.

Dedi Mulyadi ogè nyorot ngeunaan euweuhna tata ruang desa. "Enya di Kabupaten mah aya ruang hijau sareng sajabina. Tapi di Desa mah salami ieu teu aya. Padu ngawangun wè, teu aya ijin kepala desa. Kedahna aya. Pami henteu desa awut-awutan, lah, " pokna.

Ceuk Dedi nu rapih katata mah ukur aya di desa kampung adat. "Tiasa kitu tèh margi aya puun, atanapi kepala adatna. Sapertos di Bali, di Banten, Kanèkes, " pokna.

Dedi ogè nyorot desa kudu mibanda tata kelola pangwangunan desa. Bentuk wangunan antara kantor pamarèntah provinsi, desa atawan kelurahan kudu aya standar.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah