Menteri ATR/BPN, AHY: Mibanda Sertifikat Masarakat Kasinglar tina Kalakuan Mafia Tanah

- 9 Juni 2024, 14:18 WIB
Menteri ATR/ BPN Agus Harimyrti Yudhoyono kunker ka Kabupaten Bandung, ngabagikeun sertifikat langsung ka warga.
Menteri ATR/ BPN Agus Harimyrti Yudhoyono kunker ka Kabupaten Bandung, ngabagikeun sertifikat langsung ka warga. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Menteri Agraria dan Tata Ruang/ Kepala Badan Pertanahan Nasional (ATR/BPN) Agus Harimurti Yudhoyono (AHY) nètèlakeun, pamarèntah bakal terus ngajalankeun program sertifikasi Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) di sakuliah Indonesia sangkan sakum masarakat mibanda sertifikat, teu tumpang tindih jeung papada masarakat boh jeung pausahan, boh jeung aset pamarèntah.

Kituna tèh ditepikeun AHY waktu masrahkeun 25 sertifikat PTS ka warga langsung sèsèlèkèt ka gang nu heureut di sajumlah RT di Desa Kopo Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Ahad, 9 Juni 2024.

Desa Kopo ngusulkeun 2000 PTSL taun 2024, tur nu geus rèngsè sajumlah 840 kaasup nu dipasrahkeun AHY ka warga.

Ceuk AHY, ku mibanda kapastian hukum kana kapamilikan lahan masarakat kaasup di Jawa Barat jeung Kabupaten Bandung baris kasinglar tina panyorobotan lahan ku mafia tanah.

"Iwal kitu, ku sertifikat masarakat ngagaduhan ajen ekonomi, kumargi sertifikat tiasa digunakeun kanggo modal usaha, muka warung atanapi ngembangkeun UMKM," ceuk AHY dina lolobgkrang masrahkeun sertipikat PTSL.

AHY cumeluk, kalayan asma Kementerian ATR/BPN, sangkan warga ngadaftarkeun sertifikat tanahna. "Mangga daftarkeun ka KTR/BPN di tingkat kabupaten kota. Intina pamarentah badè ngabantos sareng ngaladenan sasaè-saèna," pokna.

"Simkuring saparakanca tos ngajalankeun sistem digital. Janten ka payun teu nu sifatna fisik , salembar ogè aman, kadata kalayan saè, teu gampil dipalsukeun, nyinglar diduplikat ku mafia tanah nu saterasna dijual ical galeuhkeun ku mafia tanah. Nu hakna malah kaicalan hak, sareng panjang prosesna," ceuk AHY.

AHY ngaku dirina karèk nganggeuskeun saratus poè gawè. Ngan, geus nambahan 2,4 juta widang tanah nu disertifikatkeun.

"Mugia taun ieu tiasa nyumpon target 120 juta widang tanah di sakuliah Indonesia, kadaftarkeun sajalan sareng kitu disertifikatkeun tur diisalurkeun ka masarakat," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah