BIJB Tepi ka Ayeuna Ngaranna Tacan Diganti

- 8 Juni 2024, 18:29 WIB
Presiden Joko Widodo dina jumpa pers di BIJB Kertajati, Salasa (11/07/2023).
Presiden Joko Widodo dina jumpa pers di BIJB Kertajati, Salasa (11/07/2023). /

 

GALURA.CO.ID -Ngaran Bandara Internasioan Jawa Barat (BIJB) di Kertajati di Kabupaten Majalengka, ceuk rarancang bakal diganti. Sebutan BIJB mah saheulaanan samemeh dipatotoskeun ngaran nu jinek. Ngaran saheulanan make kecap Jawa Barat pedah ceuk sakaol sahamna lolobana dipibanda ku pamarentah Provinsi Jawa Barat.

Najan sebutan BIJB Kertajati geus bisa disebutkeun pada mikawanoh, tapi di urang kawasna teu ilahar. Di nagara urang ngaran bandar udara atawa bandara, umumna make ngaran tokoh, pahlawan upamana. Contona: di Surabaya Jawa Timur: Bandara Juanda; di Bandung Bandara Husien Sastra Negara, di Tangerang Banten: Bandara Soekarno Hatta.

Di nagara uarang ukur di Minangkabau nu ngaranna make ngaran etnis: Bandara Minangkabau. Taya hiji oge nu make ngaran provinsi, kawas BIJB. Kitu deui nu make ngaran tempat, tempat ngadegna bandara. Lebah dieu taya patokan husus keur ngaran bandara, taya aturan nu ngudukeun make ngaran pahlawan atawa tokoh.

Ngaran bandara saenyana mah dumasar kana kasapukan masarakat nu dikuatkeun ku pamarentah satempat. Najan kitu aya ugeran nu henteu tinulis: di nagara urang ngaran bandara ngandung ajen-inajen sajarah, tian kituna dipake ngaran tokoh nu gede jasana keur bangsa jeung nagara, ngarah perjoanganana jadi sumber inspirasi.

Pamarentah provinsi Jawa Barat ti sawaktu Ridwan Kamil ngajabat keneh keneh gubernur Jawa Barat, ngarasa perlu BIJB mibanda ngaran kawas bandara-bandara sejenna, upamana make ngarah tokoh atawa pahlawan. Paling henteu ngaran bandarana teh nuduhkeun “kajawabaratan” lantaran pernahna di Jawa Barat.

Kahayang ngaran BIJB diganti kungsi teu kadenge deui. Sabada gubernur Jawa Barart dicangkin pj gubernur digantina ngaran BIJB mucunghul deui.

Malah pamarentah Provinsoi Jawa Barat geus narima sababaraha ngaran dumasar kamandang jeung usulan tokoh akademis, tokoh masarakat jeung husuna warga Majalengka.

Aya usulan BIJB teh make ngaran pahlawan Nasional asal Kabupaten Majalengka. Ngan puasalanana, pahlawan Nasional ti Majalengka teh aya dua: KH Abdul Halim nu jadi  pahlawan Nasional  taun 2008  jeung  KH Abdul Chalim nu ditetepkeun jadi Pahlawan Nasional  bulan November 2023. Mana nu kudu dipilih?

Kamandang sejenna: BIJB make ngaran Bagus Rangin, pahlawan nu ngobarkeun perang ngalawan kolonialisme (1805-1812). Bagus Rangin asalna ti Jatitujuh Majalengka, ngeunaan perjoangan Bagus Rangin dicatet dina dokumen Walanda. Pikeun mareuman perjoangan Bagus Rangin,Walanda ngeprik pasukan pribumi ti sababaraha kabupaten.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah