Lembaga Pendidikan nu Gawè Bareng jeung Metode Ummi Foundatiion Sumebar di 19 Daerah Tingkat 2

- 15 Juni 2024, 18:20 WIB
Ketua Ummi Foundation Bandung Ustadz Ujang Nursyamsi, S. Th. I. jeung Pembina Ummi Foindation Bandung Ustadz Ami Barni Sukmahasa, S. Pd.I.
Ketua Ummi Foundation Bandung Ustadz Ujang Nursyamsi, S. Th. I. jeung Pembina Ummi Foindation Bandung Ustadz Ami Barni Sukmahasa, S. Pd.I. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua Ummi Foundation Bandung,  Ustadz Ujang Nursyamsi, S.Th.I, netelakeun geus loba lembaga pendidikan nu ngagunakeun meode Ummi dina pembelajaran maca Qur'an ka para siswana.

"Nu di Kecamatan Margahayu waè aya sababaraha lembaga pendidikan nu nganggoi metode Ummi, di antawisna lembaga sakola sahandapeun panangtayunagn Kementerian Agama: Madrasah Ibtidaiyah Nurul Falah. Nu dina panangtayungan Dinas Pendidikan: SD An-Nimah, SD Marhas, sareng sababaraha hiji SD sareng TPQ -TPQ, " ceuk Ujang Nursyamsi satutas nuyun acara Khatmul Qur'an jeung Imtihan Metode Ummi di Madrasah Al-Haq Margahayu Bandung, Saptu, 15 Juni 2024.

Ceuk Ustadz Ujang, lembaga pendidikan nu ngagunakeun metode Ummi sumebar di 19 daerah tingkat dua: kabupaten jeung kota.

"Hususna di Bandung, Bandung Barat, Kota Cimahi, Kota Bandung sareng Kabupaten Bandung. Nu di luar kota aya di Cianjur, Karawang, Sukabumi, Kota Banjar, Pangandaran sareng Ciamis. Alhamdiillah respon saban lembaga saè sareng nganuhunkeun tiasa rampak damel sareng Ummi Foundation kumargi kawilang efektif dilarapkeun ka murangkalih. Insyaallah, "pokna.

Pembelajaran di metode Ummi, ceuk Ujang, aya katagori progran tartil. Para siswa diajar maca Qur'an ti dasar nepi ka mampuh tèori jeung tajwizna ti juz 1 tepi ka juz 3, kitu ogè hafidzna. Ogè aya program turjuman Al-Quran atawa narjamahkeun Al-Quran.

Ujang ngajelaskeun deui salasahiji hasilna program pembelajaran Al-Quran, boh metode Ummi boh nu sèjènna nyaèta standar guru.

"Ieu janten modal kahiji, malihan kakuatn nu pangageungna dina kasuksesan proses pembelajaran hususna pembelajaran Al-Quran metode Ummi, " ceuk Ujang nu dibarengan pembina Ummi Foundation Bandung Ustadz Ami Barni Sukmahasa, S.Pd.I.

Standar guru, ceuk Ujang, liwat sertifikasi pelatihan minangka wujud standarisasi para pangajar Al-Quran.

"Hususna nu katagori turjuman sateuacan arinyana ngajarkeun ka marulangkali dibekalan heula materi utamina metedologi cara ngajarkeunana, " pokna..

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah