Madrasah Al-Haq Gelar Khatmul Qur'an & Imtihan Metode Ummi, Kepala MI : Taun Hareup Aya Kategori Turjaman

- 15 Juni 2024, 11:30 WIB
Madrasah Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung ngagelar Khatamul Qur'an & Imtihan Metode Ummi Tartil - Tahfidz Juz 28,29, jeung 30 (15/06/2024).
Madrasah Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung ngagelar Khatamul Qur'an & Imtihan Metode Ummi Tartil - Tahfidz Juz 28,29, jeung 30 (15/06/2024). /Sopandi/galura.co.id.

GALURA.CO.ID -Madrasah Al-Haq Margahayu Kabupaten Bandung ngagelar Khatmul Qur'an & Imtihan Metode Ummi Tartil - Tahfidz Juz 28,29, jeung 30.

Diiluan ku Ssswa Madrasah Ibtidayah (MI) jeung Madrasah Tsanawiyah (MTs). Tempatna di Aula Sekolah Al-Haq, Jalan Manglid, Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Saptu, 15 Juni 2024.

Kepala MTs Al-Haq Dra. Hj. Yeni Siti Rubaah, M. Pd nyebutkeun Khatmul Qur'an jeung Intihan tèh nu katilu kalina diayakeun. Digelar satutas dilaksanakeun Munaqosah  20-21 Mei 2024 nu diiluan ku 135 pamilon.

Tina jumlah sakitu, siswa MI Tartil 3 siswa, Tahfidz Juz 30 lobana 36 siswa , Tahfidz Juz 29 lobana 4 siswa. Sedengkeun siswa MTs, Tartil 34 siswa, Juz 30 lobana 50 siswa, Juz 29 lobana 5 siswa, jeung Juz 28 lobana 3 siswa.

Yeni ngaku, dina taun 2021 dimimitian program Munaqosah nu diluan ku 122 pamilon. Laju dina taun 2023, jeung 2023 diiluan 122 pamilon, katut taun ieu kalayan jumlah 130 pamilon.

Hj.Yeni nganuhunkeun ka guru pembimbing jeung penguji nu didatangkeun ti UMMI Foundation nu kacida luar biasa ngaping para siswa. Yeni ogè nganuhunkeun kana pangrojong jeung peran kolot para siswa.

Sabada katagori tartil, ceuk Yeni, mimiti taun hareup baris aya katagori munaqosah Turjuman. "Prosesnna rada lami kumargi guruna ogè kedah gaduh sertifikat," ceuk Yeni.

Mimiti taun hareup ogè, ceuk Yeni, baris digelar munaqosah 2 kali dina sataun, mun seug munaqosah nu mimiti can lancar, bisa milu di nu kadua.

Iwal aya program munaqosah, di Madrasah Al-Haq ogè  lumangsung bimbingan maca Qur'an jang kolot siswa. "Ieu kanggo nyamikeun aosan sareng tajwiz sepuhna siswa sareng siswana di sakola," pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah