Ngaran Bandara di Kertajati Majalengka kumaha mun Bandara Sunda?

- 8 Juni 2024, 17:39 WIB
Bandara Kertajati atawa Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB).
Bandara Kertajati atawa Bandara Internasional Jawa Barat (BIJB). /Rian s Putra /Biro Adpim Jabar/

GALURA.CO.ID -Bandar udara (bandara) internasional di nagara urang umumna  make ngaran pahlawan atawa tokoh bangsa atawa tokoh kadirgantaraan. Taya hiji oge nu make ngaran tempat. Sigana kasapukan bangsa urang nu henteu tinulis. Ngaran bandara kudu make ngaran tokoh atawa ngaran pahlawan.

Ku sabab taya patokan atawa aturanana ngeunaan ngaran bandara, di Sumatera Barat (Sumbar), ngaran bandara internasionalna teh make ngaran etnis di Sumbar, seke seler Minang nu kuat pisan nyekel agama Islam: Bandara Internasional Minangkabau atawa Bandara Minangkabau, henteu make ngaran tokoh.

Bandara Minangkabau teh hiji-hijina bandara di Nusantara malah di dunya nu make ngaran etnis, seke seler. Bandara Minangkabau mimiti dibangun taun 2002, dioprasikeun mimiti 22 Juli 2005, ngaganti Bandara Tebing. Ti taun 2006 dijadikeun tempat embarkasih jeung debarkasih jamaah haji keur Sumbar, Bengkulu jeung Jambi.

Bandara Minangkabau salasahiji bandara nu sibuk, rea maskapai nu eunteup jeung hiber  tur ngaladenan penerbanggan ti jeung ka sababaraha nagara. Tina kituna PT Angkasa Pura II, nambahan jam operasional ieu bandara. Nu tadina tepi ka jam salapan peuting tepi jam 12 peuting, jadi dioperasionalkeunana salila 24 jam.   

Kumaha mun BIJB oge make ngaran etnis, etnis Sunda, apanan ngadegna di Jawa Barat, tempat dumukna etnis Sunda. BIJB diganti ku ngaran Bandara Sunda. Tatar kaler Jawa Barat, kaasup Indramayu, Kabupaten Cirebon jeung Kota Cirebon teh wilayah Tatar Sunda, raja-raja rundayan Galuh jeung Sunda.

Memang dipakena ngaran Sunda teu nembongkeun lokalitas Kabupaten Majalengka. Tapi kawasna ngaran Bandara Sunda jalan tengah sabab loba usulan jeung ayana nu nolak kana hiji calon ngaran BIJB. Usulan make ngaran pahlawan nasional, di Majalengka pahlawan nasionalna aya dua, make ngaran karajaan, karajaanana aya tilu.

Di sagigireun alternatif ngaran Bandara Sunda, ngaran Bandara Bagus Rangin memang hade pisan, nembongkeun lokalitas jeung leber wawanenna urang Sunda. Lokalitas tina ngaran Bagus Rangin, kecap “bagus” kapanggih di tatar kaler Jawa Barat. Ari kateuneunganana: ngabela bebeneran.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah