Galuh Lain ukur Milik Urang Ciamis

- 31 Mei 2024, 20:00 WIB
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu kungsi ngadeg di ieu wewengkon.
SALAHSAHIJI patilasan di Karangkamulyan, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. Karangkamulyan mindeng dipatali­keun jeung Karajaan Galuh nu kungsi ngadeg di ieu wewengkon. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kecap Galuh saenyana lain milik urang Ciamis. Kecap Galuh tepi ka ayeuna dipake ngaran wanoja. Dina Babad teu weleh aya ngaran karajaan Galuh ngan lain fakta sajarah. Anu epigrafina kuat mah prasasti di Kedu nu nyabit ngaran Pragaluh.

Guru besar manten sejarah Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung, Prof. Dr. A. Sobana Hardjasaputra, S.S., M.A.,  nyebutkeun masarakat Ciamis loba ngagunakeun ngaran Galuh lantaran Galuh mibanda  sejarah nu jelas sarta kungsi nyatetkeun kamashuran jeung kajayaan. Ayana Karajaan Galuh puguh fakta sajarahna.

Dina sejarah, ngaran Galuh ti abad ka-7 tepi ka abad ka-16 teu eureun-eureun ngélébét,  ti mimiti ngaran karajaan tepi ka ngaran kabupatén. “Karajaan Galuh ngadeg abad ka-7 Maséhi, anu ngadegkeunana Wretikandayun tepi ka abad ka-16 masih dipaké jadi ngaran kabupatén, Kabupatén Galuh," ceuk Sobarna.

Puncak kajayaan Karajaan Galuh jaman pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana, puseur karajaanna di Kawali Ciamis. “Ngaran Galuh henteu terus ragrag pamorna najan ti taun 1595 jadi daérah patalukan (vassal) Mataram. Kitu deui jaman dikawasa ku VOC ti taun 1705 tepi ka ahir abad ka-18,” ceuk Sobana.

Waku dibupatian ku Kusumadiningrat (1839-1886), pamor Kabupatén Galuh kuat pisan, jadi kabupatén nu pada ngambeuh, kaasup ku Belanda. Kusumadiningrat hiji-hijina bupati nu wani ngabubarkeun sistim tanam paksa, jeung hiji-hijina bupati nu mampu ngarobah rarancang Walanda waktu nyieun jalan karéta api

Ngaran Galuh ogé nyampak dina legénda atawa tradisi lisan. Ceuk Sobana dina wawacan Sajarah Galuh upamana disebutkeun ngaran Galuh geus aya ti jaman prasejarah, dipaké ngaran ratu, Ratu Galuh nu ngadegkeun karajaan di Lakbok sanggeus meruhkeun raja Siluman. Ratu Galuh pindah ka Lakbok lantaran karajaanana kaléléb ku cai laut.

Lolobana ayana dina dongeng

Pangna Karajaan Galuh jeung Kabupaten Galuh kungsi kamashur, ieu sigana ngalap kana harti kecap galuh. Poerbatjaraka dina Majalah Bahasa dan Budaya kalayan judulna Galuh (taun III, No. 2, Desember 1945). Ceuk Purbacaraka galuh hartina putri menak jeung dewi. Dina basa Sansakerta kapanggih kecap galu nu hartina batu inten permata.

Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia, Purwadarminta disebutkeun kecap galuh kaasup istilah kesustraan lama nu hartina ‘ratna’ (inten); ‘putri’ (anak awwewe raja). Kamus Kawi-Balinese-Nederlandsch Woordenboek (van der Tuuk), oge nerangkeun galuh ngandung harti putri raja jeung permata atawa inten (ratna).

Ti baheula kecap galuh dilarapkeun keur ngaran wanoja.  Dina Cerita Panji aya ngaran Dewi Galuh Candrakirana, dina Cerita Panji-Melayu oge aya ngaran Galuh Ajeng. Di Banjarmasin, Kalimantan, kecap galuh dipake keur nyalukan budak awewe, kawas  “neng” dina basa Sunda. Najan kitu di Jawa galuh oge dipake keur ngaran lalaki.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah