Singabrong, Adu Manis Gajah, Buroq, jeung Naga

- 31 Mei 2024, 16:51 WIB
Kareta Singabarong di museum Karaton Kasepuhan.
Kareta Singabarong di museum Karaton Kasepuhan. /

GALURA.CO.ID -Singabarong, kitu ngaran kareta kancana koleksi Museum Karaton Kasepuhan Cirebon. Najan ngaranna make kecap singa, tapi taya hiji oge ornamen nu bentukna singa atawa nu ngaharib-harib bentuk singa. Sumawonna arca singa mah. Malah nu tembong teh sato nu hirup di Nusantara.

Wangun Kareta Singabarong adu manis opat sasatoan. Maung bagean awakna, sukuna, jeung matana; gajah (tulale), manuk buroq, (jangjang), jeung naga (huluna). Jadi singa mah teu dibabawa. Naon sababna eta kareta kecana dingaranan Singabarong?

Singabarong  dijieun taun 571 Saka atawa 1649 Masehi, abad ka-15. Anu nyieunana Pangeran Losari, salasurang incuna  Sunan Gunung Djati (SGD). Dina jamanna Singabarong ditarik ku munding bule, opat, lain ku kuda atawa sapi. Singabarong teh bisa disebutkeun kandaraan dinas Sultan Cirebon.

Kareta Singabarong nu geus make suspensina (per) teh, ceuk sakaol, lambang sosobatanana Sultan Cirebon jeung nagara India, Mesir, jeung Tiongkok. Tulale gajah nu nyapit trisula (cipta, rasa jeung karsa), ngalambangkeun India, jangjang buroq ngalambangkeun Mesir, jeung naga ngalambangkeun Tiongkok.

Singabarong mibanda opat kikiping, di hareup dua jeung di tukang dua. Kikiping hareup leuwih leutik batan kikiping tukang. Dina jamanna Singabarong digunakeun dina kirab malem 1 Suro  jeung diistrenana sultan. Ti  taun 1945 Singabarong tara dipake deui alatan dipikariwang ruksak. Anu ayeuna sok dipake duplikat.

Singabarong  ceuk sakaol asalna tina kecap “singarani” jeung “barong”.  Singarani hartina mere  ngaran, ari barong hartina babarengan. Singabarong hartina babarengan mere ngaran.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah