Sasakala Ngaran Desa Kawunglarang, Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis, Leungeun Kawung Teu Caian

- 28 Mei 2024, 18:00 WIB
Hamim, Kepala Desa Kawunglarang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis.
Hamim, Kepala Desa Kawunglarang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis. /galura.co.id/

GALURA.CO.ID -Asa aheng di Kecamatan Rancah, Kabupaten Ciamis, aya ngaran Desa Kawunglarang. Umumna di Kecamatan Rancah mah ngaran desa teh make kecap harja. Patakaharja, Dadiharja, Jangalaharja, jeung Giriharja. Desa sejenna karasa nyunda: Situmandala, Wangunsari, Karangpari, Bojonggedang, Cileungsir, Cisontrol, Kiarapayung, jeung Rancah.

Di kecamatan tatanggana, Kecamatan Rajadesa ngaran desana teh Andapraja, Purwaraja, Rajadesa, Sirnabaya, Sirnajaya, Sukaharja, Sukajaya, Tanjungjaya, Tanjungsari, Tanjungsukur, jeung Tigaherang. Rancah jeung Rajadesa aya patalina jeung Guru Gantangan, seuweu Prabu Siliwangi nu ngalalana ka beulah wetan.

Kumaha sasakalana eta desa dingaranan Desa Kawunglarang? Aparat Desa Kawunglarang waktu Galura ka Bale Desa Kawunglarang, Kemis (16/05/2024) taya saurang oge nu apaleun. Desana cenah tacan bogaeun arsip sejarah desa. Galura meunang katerangan samenel ti kepala Desa Kawunglarang, Hamim.

Hamim nu ngajabat kepala Desa Kawunglarang ti taun 2014 nyebutkeun di lahan nu ayeuna dipake bangunan bale Desa Kawunglarang baheula kungsi aya tangkal kawung, ngan hiji-hijinna. Taya deui tangkal kawung, kaasup di sabudeureunana. “Hiji mangsa, Surapati boga maksud rek nyadap eta tangkal kawung,” ceuk Hamim.

Sabada diropea, leungeun kawung ditinggur jeung carulukna dipotong, Surapati naheunkeun lodong. Ngan leungeun kawung the henteu ngaluarkeun legen. Didagoan sababaraha poe, angger tina leungeun kawung teu bijil wae legen. Surapati, ceuk Hamim, keuheuleun, sarta gegelendeng pedah leungun kawung teu caian wae,

“Kawung, naha maneh larang-larang teuing mere legen ka aing teh?” kitu ceuk Surapati. Ti harita eta patempatan teh dingaranan Kawunglarang. Jadi Kawunglarang asalna tina kecap kawung jeung larang. Kawung dina basa Indonesia mah enau. Ari larang asalna tina basa Jawa, basa Jawa ngokok kasar. nu hartina mahal.

Larang dina kekecapan Kawung naha maneh larang-larang teuing… ngandung harti injeuman: hese. Naha maneh hese-hese teuing mere legen ka aing teh? Larang oge sarua hartina jeung jual mahal. “Ayeuna mah tangkal kawung seueur di Kawunglarang teh sarta sok disadap ku warga, aya legenan,” ceuk Hamim.***

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah