Geber Si Jumbo jeung Jamilah Wujudkeun Jabar Sehat Sejahtera

- 23 Mei 2024, 08:38 WIB
Louncing Program Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu mangrupakeun gerakan bersama Literasi Stunting, Imunisasi, Pencegahan DBD, Penanggulangan TBC jeung jaga Ibu Hamil tempatna di SMK Negeri 1 Majalengka Jawa Barat, Rebo ( 22/05/2024).
Louncing Program Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu mangrupakeun gerakan bersama Literasi Stunting, Imunisasi, Pencegahan DBD, Penanggulangan TBC jeung jaga Ibu Hamil tempatna di SMK Negeri 1 Majalengka Jawa Barat, Rebo ( 22/05/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Sekertaris Daerah (Sekda) Jabar Herman Suryatman ngalouncing Program Geber Si Jumbo jeung Jamillah anu mangrupakeun gerakan bersama Literasi Stunting, Imunisasi, Pencegahan DBD, Penanggulangan TBC jeung jaga Ibu Hamil tempatna di SMK Negeri 1 Majalengka Jawa Barat, Rebo ( 22/05/2024).

Ieu acara ngarojong jejer “Ciptakan Generasi Unggul, Sehat, Cerdas Menuju Provinsi Jawa Barat Sehat Sejahtera”.

Diluuhan ku Pj Bupati Majalengka, Danrem Siliwangi, Kepala Dinas Kesehatan Jabar, Kepala BKKBN Jabar, Forkopimda, Kepala Dinkes Majalengka katut ondangan luanna.

Kepala Dinas Kesehatan Jawa Barat, dr. Vini Adiani Dewi, nyebutkeun kagiatan Geber Si Jumbo jeung Jamilah diiluan ku sakumna siswa-siswi SMA / SMK kabupaten kota anu aya di Jawa Barat sacara zoomeeting. Pamilon anu aya di SMKN 1 Majalengka sajumlah dua rebu siswa.

Kagiatan Geber Si Jumbo jeung Jamilah teh edukasi jeung literasi keur sakumna siswa sakola, sangkan  kahareupna bisa nyosialisasikeun ka kulawargana jeung ka masarakat sabudeureunna.

Si Jumbo pikeun ngaronjatkeun literasi stunting, imuniasasi jumatik di sakola jeung di imah.

Si Jamilah singgetan  tina Jaga Ibu Hamil dan Lingkungan Bersih serta Sehat kalayan mibanda udagan ngajaga sakumna ibu hamil sangkan anak sehat .

"Tujuan kagiatan dinten ieu  kangge ngaronjatkeun kasadaran masarakat perkawis pentingna pencegahan stunting, minangka persiapan generasi unggul, sehat, cerdas sarta Jabar Jero News stunting keur Indonesia Emas," ceuk Vini Andiani.

Dina ieu kagiatan digelar kampanyeu ngeunaan penanggulangan TBC, jeung pencegahan DBD. Dipiharep ku ayana Ieu kagiatan  minangka deteksi dini dina widang kesehatan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah