Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Cek Kesehatan Warga

- 26 Februari 2024, 08:37 WIB
Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka mariksa kasehatan warga Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Ahad (25/2/2024).
Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka mariksa kasehatan warga Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Ahad (25/2/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Timkes Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka ngadatangan imah warga keur ngalaksanakeun pengecekan kondisi kasehatan warga, di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka, Ahad (25/2/2024).

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P nu oge Dansatgas TMMD ka-119 netelkeun, Timkes dina auban satgas TMMD keur mere tindakan munggaran keur kasehatan anggota Satgas katut warga sabudeureunana.

"Timkes Satgas TMMD, salian ngalayanan kasehatan anu dilaksanakeun di posko kasehatan oge ngadongkapan langsung ka bumi warga anu ngangluhkeun kondisi kasehatanna," ceuk Dudy Pilianto.

Baca Juga: Dandim 0617/Majalengka Ngaluuhan Majelis Shalawat Kubro 7 di Ponpes Asasul Huda

Dina eta kagiatan, Sertu Isro salasaurang anggota tim kasehatan nyebutkeun, kagiatan pamariksaan kasehatan keur warga dipiharep bisa ngaronjatkeun kasehatan masarakat satempat.

Kades Cipasung ngungkabkeun, kahadiran anggota Satgas TMMD hususna tim kasehatan geus loba mere mangpaat. Ku kituna sakumna warga lianna meunang tambahan bantuan palayanan kasehatan.

Salasaurang warga Cipasung, Kasmi (50), nyebutkeun, ku ayana Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/ Majalengka inyana katut warga lianna ngarasa kabantu keur mariksakeun kasehatan.

"Hatur nuhun ka Timkes TMMD, pamugi sagala rupi kahadean kenging balesan nu langkung hade deui, tur kagiatan TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka tiasa lungsur-langsar," ceuk Kasmi.*** Ayank Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah