Acep Purnama Tilar Dunya, Ninggalkeun Sarebu Panineungan

- 23 Mei 2024, 14:29 WIB
ACep Purnama
ACep Purnama /Dok. Pemkab Kuningan/

GALURA-Acep Purnama, Bupati Kuningan Periodeu 2018-2023, wafat di Bandung, Poé Kemis, 23 Mei 2024, kira wanci tabuh 12.00 WIB.

Saméméhna,  sababaraha poé kungsi dirawat di Rumah Sakit Umum 45 Kuningan, anu satuluyna dibawa ka RSPAD Gatot Soebroto Jakarta, maké kapal udara. Ti Jakarta ngadon titirah di Bandung.

Ceuk béja anu katampa, layon Acep Purnama baris dikurebkeun di Kuningan/


Acép Purnama, kaasup salah sahiji bupati anu punjul préstasi di Jawa Barat dina mangsana. Réa prestasi nu kacangking utamana dina taun 2017 nu beunang disebutkeun panén pangajén boh ti pihak pamaréntah Jawa Barat boh pamaréntah RI katut lembaga sejénna.

Teu matak heran lamun dina taun 2017 Kabupaten Kuningan disebut-sebut daerah nu “Munjung Prestasi”. Êta téh kusabab méh saban Acép nampa pangajén boh pangajén ti Propinsi Jawa Barat boh ti Pemerintah RI.


Acép Purnama resmi dilantik jadi Bupati Kuningan sésa masa jabatan 2013-2018 tanggal 14 Juni 2016. Saméméhna Acep nu lahir di Kuningan Kuningan, 2 Juni 1959 mangrupakeun Wakil Bupati Kuningan ngaganti bupati saméméhna Hj. Utje Choeriyah Hamid Suganda nu wafat dina tanggal 7 April 2016.


Ku kituna, dina ngalakonan program pangwagunan Acep Purnama. Nyaluyukeun kana naon rupa program nu ditaratas babarengan mangsa Bupati Hj. Utje kalayan napak kana visi pembangunan Kabupatén Kuningan Kuningan Mewujudkan Masyarakat Kabupaten Kuningan Mandiri Agamis Sejahtera (MAS).


Acep Purnama nyuprih élmu di SDN Negeri Kuningan lulus taun 1970, SMP Negeri 1 Bandung taun 1973, SMA Negeri 1 Kuningan 1976/

Nuluykeun ka paguron luhur, S-1 Fakultas Hukum Universitas Parahyangan 1986, jeung S-2 atawa Magister Hukum Universitas Swadaya Gunung Djati Cirebon 2009/


Acép Purnama ninggalkeun saurang istri nyaéta Hj. Ika S. Rahmatika, SE, jeung 5 urang oytra/putrii nyaéta Dr. Ceacilia Purnama, Adrian Purnama, Keiza Purnama, Anisa Purnamajeung Camelia Utami Purnama.***

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah