GALURA.CO.ID -Naskah Bujangga Manik, titinggal ahir abad ka-15 atawa awl abad k1-6 nyaritakeun pangeran Pajajaran, Jaya Pakuan, dua kali ngurilingan Pulo Jawa, nu kadua mah tepi Bali. Lalampahanana teh keur leuwih ngantebkeun spiritualna diarimeutan ku urang Jawa, babakuna ku urang Jawa Timur. Kituna teh lantaran Bujangga Manik waktu di Jawa Timur nyabit ngeunaan puseur dayeuh Majapahit.
Bujangga Manik nulis dirina leumpang di beulah wetan, mapay sisi tembok karaton, ti Desa Kumitir tepi ka Lemah Surat. Bewara ti Bujangga Manik teh leuwih ngalengkepan tembok benteng karaton Majapahit. Mpu Prapanca dina kakawin Negara Kertagama (1365) medar soal ieu: tembok bata beureum ngurilingan karaton.
Tukang ngalalana bangsa Tionghoa Ma Huan dina bukuna Ying Yai Sheng Lan (1416), nulis istana raja di kota Man Che Po I (Majapahit) dikurilingan tembok bata beureum nu luhurna 3 Zhang (Chang), gapurana, lawang asupna, ngajajar dua, kaayaanana agreng. Ceuk Mpu Prapanca, dijieun tina beusi nu diukir, ngaranna pura Waktra.
Bewara ti Mpu Prapanca, ti Ma Huan jeung ti Bujangga Manik teh ti baheula diteteangan ku para ahli purbakala nu nalungtik Tro Wulan, di antarana Raffles (1915), Verbeek (1887), Krom (1923), Maclaine Pont (1924), Stutterheim (1941) Damais (1952), Kozo Nakada (1982), Muller (1978), Satari (1980), jeung Mundardjito (1998).
Para ahli purbakala panasaraneun lantaran dina naskah Bujangga Manik disebutkeun ngaran tempatna sacara jentre: Kumitir. Beda jeung bewara ti Mpu Prapanca jeung ti Ma Huan nu teu nyebutkeun ngaran tempat. Kumitir tepi ka danget ieu dipake keneh, jadi ngaran desa: Desa Kumitir, Kecamatan Jatirejo, Kabupaten Mojokerto, Jawa Timur.
Anyar-anyar ieu di Lembur Bendo, Desa Kumitir, kapanggih tembok kandel dijieun tina bata beureum, kakubur nu jerona sameter. Anu nimukeunana tukang nyieunan bata beureum, ngali tanah di dinya keur bahan nyieun bata. Tembok kuno bieu perenahna kurang leuwih lima kilometer ti situs sejarah balong Segaran.
Ku kapanggihna tembok nu diduga titinggal Majapahit beuki nguatkeun informasi ti naskah Bujangga Manik teh akurat. Bujangga Manik nyebutan ngaran tempat jeung kaayaan kalayan gemet jeung luyu jeung kanyataanana. Hanjakalna, di urang, tacan aya panalungtikan nu gemet ngeunaan topografi di Tatar Sunda dumasar naskah Bujangga Manik.***