Wartawan Senior Aan Merdeka Permana: Wartawan kudu Lampar, Ngarah Seukeut Intuisi jurnalistikna

- 12 Oktober 2023, 20:38 WIB
Aan Merdeka Permana, wartawan senior jeung sastrawan, ngajurung sangkan wartawan lampar, ngarah seukeuy intuisi jurnalistik.
Aan Merdeka Permana, wartawan senior jeung sastrawan, ngajurung sangkan wartawan lampar, ngarah seukeuy intuisi jurnalistik. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Diwarah ku Aan Merdeka Permana. Kitu ceuk salahsaurang wartawan SKM Galura waktu aya nu nanya pangna resep ider-ideran. Eta nu nanya teh loper koran, sok ngiderkeun koran grup Pikiran Rakyat, di antarana Galura.

Inyana mindeng maca tulisan eta wartawan Galura, hasil liputan jurnalistik ti daerah-daerah. Lampar cenah. Teu cape? Tos ti kapungkur mula, samemeh janten wartawan Galura sok udar-ider teh, tembal wartawan Galura bari seuri.

Saha ari Aan Merdeka Permana? Kawasna moal aya nu henteu terangeun. Pangarang jeung jurnalis kahot nu loba luang jeung pangalamanana. Keur dines keneh di Galura, jadi redaktur pelaksana mindeng ngiang-ngiangkeun wartawan Galura ka nu jarauh.

Baca Juga: Belut Dipikaresep ku Urang Ciamis, Obat Maag, Halalna Dumasar Fatwa Syekh Nawawi Al Bantani

Wartawan Galura ku Aan Merdeka Permana dijurung sina lampar. Sina  ka Karimun Jawa Jepara, ka Madura, ka Sumatra, jeung sajabana. 

Basa taun 1998 oge keur meumeujeuhna krisis moneter, Galura mah mampuheun ngawaragadan wartawanna ka luar kota, ka luar Jawa Barat, malah mah ka luar Pulo Jawa.

Aan Merdeka Permana oge mindeng ngajak wartawan yunior ka luar daerah, ngarah apal jeung kumaha neangan warta nu hade nu luyu jeung kaidah jurnalistik. Komo deuih tulisan di Galura mah lolobana feature.

Aan Merdeka Permana ka wartawan nu alus dina nyieun tulisan mindeng nugaskeun pikeun maluruh warta ka daerah-daerah. Inyana mere kasempetan wartawan ngora sangkan lampar, nyaho kaayaan lapangan jeung nyeukeutan intuisi jurnalistik.

Baca Juga: Peuyeum Kroto ti Ciluncat Ciamis, Dijieunna Teu Sagawayah, Tilu Poe Samemeh Jumaah Kaliwon

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah