Kades Siti Hasanah Ngusulkeun Kelas Jauh SMAN di Desana Disaluyuan Bupati Bandung

- 21 Maret 2024, 06:53 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kepala Desa Ganjar Sabar Kecamatan Nagreg Kabupaten Bandung, Siti Hasanah. ngabagèakeun jeung ngawilujengkeun ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna jeung Bunda Bedas Emma Dety katut rèngrèngan Organisasi Perangkat Daerah Kabupaten Bandung basa Rembug Bedas ka 97 di desa kasebut, Salasa, 19 Maret 2024.

Ceuk Siti Hasamah, geus loba wargana nu narima program Prioritas Bupati Dadang Supriatna. Ti mimiti program insentif guru ngaji, kartu tani Sibedas, beasiswa ti bupati (Besti) katut panarima mangpaat program sèjènna.

Siti ogè nepikeun ka Bupati Bandung,  pihakna keur ngaberdayakeun para randa ngora jeung lansia ku kelompok usaha babarengan.

Baca Juga: Rembug Bedas Bupati Bandung di Desa Pangauban Katapang Ngawakafkeun Buku

Di Desa Ganjar Sabar, ceuk Siti aya di antara nu boga usaha  keur ngamekarkeun usaha pakèan.

"Pamasaranana tos dugi ka lima nagara; Malaysia, Hongkong, Taiwan, Singapura sareng Brunei," ceuk Siti.

Iwal ti kitu, Siti ogè nepikeun harepanana ka Bupati Bandung ngeunaan sakola. Loba barudak umur sakola di desana nu hayang nuluykeun ka SMAN, ngan kapahung sistem zonasi tepi ka loba nu teu kawadahan di SMAN.

"Mung dua siswa nu katampi di SMAN. Sesana teu katampi. Simkuring prihatin," ceuk Siti.

Baca Juga: Kades Rawabogo Cecep NA Prawira Nganuhunkeun ku Diwangunna RSUD Bedas Pacira

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x