Munggaran Digelar Pemkab Bandung BEDAS Festival Durian, ku 100 rebu Ngadahar Kadu Sawaregna

- 24 Februari 2024, 07:00 WIB
Bupati Bandung dina festival Kadu Bedas (23/02/2024).
Bupati Bandung dina festival Kadu Bedas (23/02/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Pemda Kabupaten Bandung ngagelar Bedas Festival Durian di lapangan Plaza Upakarti Komplek Pemkab Bandung, di Soreang, Juma'ah, 23 Pebruari 2024.

Bedas Festival Durian mitembeyan digelar ku Pemkab Bandung, lebah dieu Dinas Pertanian.

Festival ngaubkeun masyarakat umum, padagang jeung UMKM tur wisatawan, jejerna BEDAS (Bisnis dan Edukasi Durian Alangkah Senangnya).

Baca Juga: Mambo Reborn Nguniangna Legenda Puseur Kuliner di Majalengka, Hanjakal Make Istilah Basa Deungeun

Warga nu aub kana lomba ngahampol durian sasugemana ukur mayar Rp100.000 saurang, varian kadu montong.

Sajaba lomba dahar durian, Dinas Pertanian ogè nyieun kemasan, sosialisasi investasi kebon kadu, sosialisasi teknik miara buah kadu, lelang kadu, katut stand ngajual kadu.

Aya ogè stand jual bibit kadu punjul, stand saniskara kaolahan kadu, sarta lomba kaolahan kadu nu diiluan ku PKK jeung DWP.

Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Bunda Bedas Emma Dety jeung Kepala Dinas Pertanian Kabupaten Bandung Ningning Hendasah ngaluuhan ieu kagiatan.

Baca Juga: Kuliner Cirebon Sega Jamblang Asalna ti Jamblang, Sidekah ti Pangusaha Mulim keur Tukang Bangunan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah