Kades Rawabogo Cecep NA Prawira Nganuhunkeun ku Diwangunna RSUD Bedas Pacira

- 9 Maret 2024, 10:52 WIB
Kades Rawabogo, Kecamatan Ciwidey  Cecep NA Prawira.
Kades Rawabogo, Kecamatan Ciwidey Cecep NA Prawira. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Dimimitianana pangwangunan Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD Bedas Pacira) di Desa Sukawening, Kecamatan Ciwidey, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 8 Maret kamari, dibagèakeun sajumlah pihak.

Salasahijina Kepala Desa Rawabogo, Kecamatan Ciwisey, Kabupaten Bandung, Cecep NA Prawira. Inyana ngawakilan para kepala desa (kades) sèjènna di Kecamatan Ciwidey nganuhunkeun ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Ceuk Cecep, pangwangunan RSUD Bedas Pacira teh  wujud realisasi kawijakan Bupati Bandung, Dadang Supriatna di widang kasehatan.

Baca Juga: Bupati Bandung Merenahkeun Batu Munggaran Pangwangunan RSUD Bedas Pacira

"Mugia ku ayana RSUD Bedas Pacira di wilayah Ciwidey, Pasirjambu sareng Rancabali bakal karaos  manpaatna ku warga," ceuk Cecep,  Saptu (9/3/2024).

Numutkeun Cecep,  RSUD Bedas Pacira engkè teu ukur tarèkah ngungkulan medis keur warga di wilayah Rancabali, Ciwidey jeung Pasirjambu, tapi bakal karasa mangpaatna ku warga nu aya di wewengkon Kabupaten Bandung Barat, nyaèta Kecamatan Sindangkerta. Samalah mungkin waè dirasakan ku warga masarakat di lembur Cianjur.

Cecep ogè meunteun RSUD Bedas Pacira bakal ngaronjatkeun IPM (Indeks Pembangunan Manusia) widang kasehatan jang wilayah Kabupaten Bandung.

Cecep miharep Bupati Bandung teu welèh sèhat,  kakuatan tur katabahan dina nyanghareupan halang harungan jeung cobaan. 

"Simkuring ngadoa mugia Pa Bupati Bandung tiasa dipercanten deui ku masarakat Kabupaten Bandung kanggo neraskeun pangwangunan di periode nu baris datang," ceuk Cecep mungkas. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x