Ladenan Pasen, Ulah Wara Nyabit Waragadna, Ceuk Bupati Bandung Basa Ngaresmikeun Stroke Center RSUD Majalaya

- 2 Maret 2024, 18:48 WIB
Bupati Bandung ngaresmikeun  Stroke Center jeung  rohang  rawat inep lantè  4, Gedung Alamanda Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya,  Jalan Raya Cipaku, Desa Cipaku, Kecamatan Paseh, Saptu (02/03/2024).
Bupati Bandung ngaresmikeun Stroke Center jeung rohang rawat inep lantè 4, Gedung Alamanda Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya, Jalan Raya Cipaku, Desa Cipaku, Kecamatan Paseh, Saptu (02/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngaresmikeun Stroke Center jeung rohang rawat inep lantè 4, Gedung Alamanda Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Majalaya, Jalan Raya Cipaku, Desa Cipaku, Kecamatan Paseh, Saptu (02/03/2024).

"Ladenan heula, urus heula pasen nu sumping badè lalandong, teu kedah atanapi nyarioskeun waragad, ku margi tos aya BPJS Kasehatan," ceuk Dadang Supriatna harita.

Bupati Bandung miharep ngaronjatna prasarana sarana kasehatan bisa ngurangan angka kematian. Iwal ti kitu ngaronjatkeun Angka Harapan Hidup (AHH) masarakat Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung meredih ka pihak rumah sakit, para camat jeung ka kepala desa, sangkan sosialisasi ka masarakat patali dina ngungkulan atawa ngurangan stroke ku ayana Stroke Center di RSUD Majalaya.

Bupati ogè miharep ka para pagawè rumah sakit pikeun ngutamakeun 3S (senyum, sapa jeung salam, sopan jeung santu) dina ngaladenan pasen.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x