Rembug Bedas Bupati Bandung di Desa Pangauban Katapang Ngawakafkeun Buku

- 16 Maret 2024, 12:29 WIB
Bupati Bandung nepikeun sababaraha hal dina Rembug Bedas ka 92 di Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung (15/03/2024).
Bupati Bandung nepikeun sababaraha hal dina Rembug Bedas ka 92 di Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung (15/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dina Rembug Bedas ka-92 Jajaran Pemerintah Kabupaten Bandung di Komplek Pergudangan Katapang Indah Lestari Desa Pangauban, Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 15 Maret 2024 Bupati Bandung Dadang Supriatna sacara simbolis masrahkeun bantuan cadangan bèas pamarèntah nu dikokolakeun Dinas Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung.

Iwal ti kitu, bupati ogè masrahkeun wakaf buku ka Bunda Literasi Desa. Wakaf buku dikelola Dinas Perpustakaan dan Arsip Kabupaten Bandung. 

Lian ti eta Bupati Bandung masrahkeun NIB (Nomor Induk Berusaha) ka warga nu boga usaha. NIB idikaluarkeun ku Dinas Penanaman Modal dan Pelayanan Terpadu Satu Pintu Kabupaten Bandung.

Baca Juga: Rembug Bedas di Ciparay jeung Paseh Bupati Bandung Nyosialisasikeun Program Prioritas

Dadang Supriatna ogè masrahkeun bantuan stimulan ngomèan imah nu teu layak huni (rutilahu) ka warga panarima mangpaat nu dikokolakeun Dinas Perumahan, Kawasan Permukiman dan Pertanahan Kabupaten Bandung (Disperkimtan) tur masrahkeun injeuman dana bergulir teu bungaan jeung tanpa teu aya jamiman ti BPR Kerta Raharja.

Ditepikeun ogè ka warga  jabatan Bupati Bandung nu danget ayeuna keur dicangking Dadang Supriatna, teu nepi kana 5 taun. Ngan ukur 3,5 taun, alatan 27 November 2024 geus aya Pilkada,.

Ngeunaan ingkungan, Dadang Supriatna ngaedukasi masarakat patali sèsa kadaharan organik sangkan bisa diasupkeun kana lubang cerdas organik (LCO) pikeun ngurangan runtah nu sumbena ti rumah tangga.

Baca Juga: Rembug Bedas Pamungkas di Taun 2023 Bupati Bandung Masualkeun Sakola, Walungan, jeung Jalan

Mun seug urusan runtah geus rèngsè ti mimiti imah, Kabupaten Bandung engkèna teu perlu deui TPA.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x