GALURA.CO.ID -Bupati Bandung Dadang Supriatna, Saptu, 9 Desember 2023, ngalaksanakeun kagiatan Rembug Bedas di tilu kelurahan nu aya di Kecamatan Baleendah.
Dimimitian ti jam 10.00 WIB ngalaksanakeun Rembug Bedas ka-68 di GOR Kelurahan Jelekong. Laju Rembug Bedas ka-69 di GOR Kelurahan Wargamekar. Rèngsè ti dinya dituluykeun Rembug Bedas ka-70 di GOR Kelurahan Manggahang.
Bupati Bandung dibarengan Camat Baleendah, Eef Syarif Hidayatullah, masrahkeun bantuan ka warga dina program ngungungkulan stunting jeung warga miskin ekstrem, katut pinjaman dana bergulir teu bungaan jeung jaminan.
Baca Juga: Alatan GENIUS Ngungkulan Stunting, Kabupaten Bandung Dileler Pangajèn ti Bapanas
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku ngarasa bungah bisa silaturahmi langsung jeung saniskara stakeholder.
"Di Kecamatan Baleendah, nèmbè 2 kelurahan ngayameun kagiatan Rembug Bedas: Kelurahan Baleendah sareng Kelurahan Andir. Ayeuna di tilu kelurahan ti 10 kelurahan nu aya di Kabupaten. Bandung, " ceuk Dadang Supriatna.
Dadang Supriatna magunemkeun anggaran kelurahan jeung desa nu bèdana jomplang pisan. Inyana ngaku kungsi ngayakeun rapat jeung Asisten, Kabag Tapem jeung pihak sèjènna di lingkungan Pemkab Bandung, miharep anggaran nu digulirkan engkè antara desa jeung kelurahan walatra.
Pikeun ngawujudkeunana Bupati ngagulirkeun Program Sinergitas Pembangunan Kelurahan Bedas (PSPKB). Dasar hukumna Peraturan Bupati Bandung Nomor 249 taun 2023 ngeunaan Pelaksanaan PSPKB.
Baca Juga: Bedas Ngaleuweung IV Pemkab Bandung Umajak ka Masyarakat sangkan Jadi Pahlawan keur Lingkungan