Perumda Air Minum Tirta Raharja Rèk Masang 45 Rèbu Sambungan Anyar di Wewengkon Wètan Kabupaten Bandung

- 21 April 2024, 17:16 WIB
Direktur Perumda Air Minum Tirta Raharja,, Drs. A Teddy Setiabudi, M.T.
Direktur Perumda Air Minum Tirta Raharja,, Drs. A Teddy Setiabudi, M.T. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID  -Direktur Perumda Air Minum Tirta Raharja, Drs. A Teddy Setiabudi, M.T nyebutkeun, taun ieu keur tatahar nyiapkeun sambungan anyar jang nyumponan kabutuh cai beresih warga di wewengkon wètan Kabupaten Bandung.

Teddy nyebutkeun, target pikeun ngarèngsèkeun 45 rèbu sambungan anyar tèh salila opat taun ka hareup.

“Tahun ieu badè dikawitan tahap pangembangan sambungan enggal sajumlah 45 rèbu. Simkuring miharep padamelan konstruksina tiasa dikawitan taun ieu," ceuk Teddy dina lolongkrang Upacara Milangkala Ka 383 Kabupaten Bandung di Lapangan Upakarti, Saptu , 20 April 2024.

Teddy nganuhunkeun ka Pemda Bandung, hususna ka Bupati Bandung Dadang Supriatna, DPRD Kabupaten Bandung, katut stakeholder sèjènna.

"Ku pangrojong nu ageung hususna tina segi kawijakan dukungan operasional Perumda Tirta Raharja tiasa ngaronjatkeun kinerja, " ceuk Teddy. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x