HM Hasbullah Rahmad Ngawangun Sakola Anyar jeung Rutilahu di Kota Depok

- 23 Januari 2024, 12:56 WIB
Ketua Fraksi PAN DPRD Jawa Barat H.M.Hasbullah Rahmad, SPd, M.Hum.
Ketua Fraksi PAN DPRD Jawa Barat H.M.Hasbullah Rahmad, SPd, M.Hum. /

GALURA.CO.ID -Ketua Fraksi PAN DPRD Jawa Barat H.M.Hasbullah Rahmad, SPd, M.Hum ti daerah pemilihan (Dapil) Jabar 8 (Kota Depok, Kota Bekasi) dipikawanoh pisan. Samemeh jadi anggota DPRD Jabar, Hasbullah nu nenehna Bang Has teh salila 2 periode jadi DPRD Kota Depok, periode 1999-2004 jeung 2004-2009, periode 1999-2004 ngajabat Wakil Ketua DPRD Kota Depok.

Bang Has geus dua periode jadi anggota DPRD Jabar, periode 2014-2019 jeung 2019-2024. Salila 4 periode jadi wakil rayat boh di DPRD Kota Depok boh di DPRD Jabar, Bang Has samaksimal jeung seoptimal mungkin merjuangkeun aspirasi agar supaya ngawujud.

Geus loba aspirasi masarakat nu diwujudkeun ku Bang Has, ti mimiti paekonomian, atikan, kasehatan, pariwisata, infrastruktur tepi ka lingkungan. Bang Has kungsi jadi Ketua Badan Kehormatan (BK) DPRD Jabar, Ketua Pansus, Anggota Badan Anggaran, anggota Badan Musyarawah.

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Dina periode 2019-2024 Bang Has di Komisi IV DPRD Jabar widangna pangwangungan. Inyana jeung anggota DPRD Jabar ti Dapil Jabar ngawal jeung merjuangkan aspirasi rakyat Depok, babakuna infrastruktur, jalan, irigasi, paimahan jeung lingkungan. Kitu deui dina atikan, di antarana merjuangkeun dibangunna sakola anyar.

Teu babari ngadegkeun sakola negeri anyar di Kota Depok, babakuna dina hal lahan. Minimal merelukeun waktu minimal 2 taun. Taun munggaran meuli lahan jeung taun kadua ngadegkeun infrastruktur sakola. “Alhamdulillah, ayeuna di Kota Depok geus ngadeg SMAN 11 jeung12, sarta SMK N 3, 4, jeung 14”, ceuk Bang Has.

Bang Has nu oge Sekretaris DPW PAN nyebutkeun salila jadi anggota DPRD Jabar ku program Rumah Tidak Layak Huni (Rutilahu) aya 2.500 unit imah warga Depok nu teu layak huni dienovasi waragadna tina APBD Jabar. Anggaran keur saimahna Rp.15 juta terus naek jadi Rp.17,5 juta taun ayeuna Rp.20 juta. Husus.di kota Depok, anggaranana Rp.25 juta.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x