Bupati Bandung Ngabagi Rewuan Sembako jeung Launching BPJS Ketenagakerjaan keur Ojeg

- 9 Februari 2024, 15:41 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngabagikeun sembako NU diwadahahan kana kantong warna hejo.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngabagikeun sembako NU diwadahahan kana kantong warna hejo. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID  Pamarèntah Kabupaten Bandung lebah dieu Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) ngabagikeun 10.881 paket sembako ka ojeg pangkalan (opang) nu sumebar di sakuliah kecamatan di Kabupaten Bandung.

Bupati Bandung Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dispakan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania jeung Camat Pameungpeuk Agus Hindar Ruswanto sacara simbolis masrahkaeun paket sembako ka wawakil ojeg pangkalan jeung BPJS Ketenagakerjaan di Aula Kecamatan Pameungpeuk Kabupaten Bandung. Juma'ah, 9 Pebruari 2024.

Ieu tèh nu kadua kalina Dadang Supriatna malirè sakumna ojeg pangkalan sakabupaten Bandung. "Anggaranana tina hasil insentif kinerja Pamarèntah Kabupaten Bandung nu ditarima ti pamarèntah pusat," pokna.

Baca Juga: Jabatan Kades Jadi 8 Taun, Bupati Bandung: Fraksi PKB DPR RI Serius Ngawal Revisi UU Desa

Dadang Supriatna  balaka Kabupaten Bandung dua kali meunang insentif kinerja. Dina taun 2022 harkatna Rp 17 miliar jeung taun 2023 Rp 26 miliar.

"Insentif kinerja  disebarkeun ka sababaraha komponen, di antarana buruh, sareng ojeg pangkalan. Guru ngaji, budayawan, seniman sareng sajabina dipasihan," ceuk Dadang Supriatna.

Babagi sembako ceuk Dadang Supriatna ka masarakat nu rawan pangan. "Ieu dina raraga ngajaga inflasi, pangaos bèas sakilona undak ampir tepi kana Rp 16.000," pokna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x