Caleg DPRD Kabupatem Bandung ti PKS H. Dadang Suryana Ngawanohkeun Diri ka Warga

- 8 Februari 2024, 14:34 WIB
Caleg DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadang Suryana bubulusukan ka Pasar Margahayu.
Caleg DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadang Suryana bubulusukan ka Pasar Margahayu. /Sopandi/galura.co.id



GALURA.CO.ID -Saminggu deui ka Pemilu14 Februari 2024 atawa 3 poè nyanghareupan hari tenang 10 - 13 Pebruari 2024, caleg DPRD Kabupaten Bandung, H. Dadang Suryana ngawanohkeun diri ka warga RW 02 Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Rebo, 9 Februari 2024.

Ieu caleg PKS, nomer urut 3 ti Dapil 2 teh ngawanohkeun diri ka warga bari nyosialisasikeun sangkan warga aub dina Pemilu14 Februari 2024.

Iwal ti aub babarengan senam jeung puluhan warga, H. Dadang Suryana ogè nyayagikeun tim pamariksaan kesehatan pikeun warga jeung ngajual minyak goreng kemasan saliterna Rp5000.

Baca Juga: Anggota Fraksi PKS Tedi Surahman nyebutkeun Pemilu 2024 Lawang Awal Parubahan

"Simkuring teu masihan nanaon ka warga. Minyak goreng ogè dibazarkeun, seueurna 150 kemasan saliter dical Rp 5000, "ceuk ieu kades manten Rahayu salila 17 taun teh.

Samèmèh ngawanohkeun diri ka warga leuwih deukeut di hiji palataran di RW 02, H. Dadang Suryana ngawanohkeun diri ka warga nu keur balanja jeung dagang di Pasar Margahayu, pasar nu aya di tapel wates Kecamatan Margahayu jeung Margaasih.

H. Dadang Suryana ngaku, inyana nyalonkeun diri kalawan niat merjuangkeun aspirasi masarakat leutik nu masih kènèh can maksimal dilayanan hak kasèhatanana.

"Upamina waè pangalayan kasehatan tina BPJS. Ku margi telat mayar BPJS, waktos badè lalandong teu tiasa diklaim. Kitu deui bangbalun nu sanèsna," ceuk H. Dadang dina lolongkrang acara.

"Kawijakan Pak Bupati tos saè dina sababarah program, namung, di tingkat handap masih teu signifikan sareng naon nu diprogramkeun anjeunna," ceuk Dadang Suryana.

H. Dadang amanat, sangkan warga dina Pemilu 14 Februari 2024 engkè ngagunakeun hak pilih kalayan gumbira, teu ngarasa kapaksa, komo deui aya ancaman, " ceuk H. Dadang Suryana.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x