Anggota Fraksi PKS Tedi Surahman nyebutkeun Pemilu 2024 Lawang Awal Parubahan

- 2 Februari 2024, 18:12 WIB
Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Surahman, Pemilu 2025 lawang awal parobahan.
Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Surahman, Pemilu 2025 lawang awal parobahan. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Surahman, nyebutkeun Pemilu 14 Februari 2024 minangka panto awal parubahan. Ku kituna inyana umajak ka sakumna masarakat sangkan guyub ngangpaatkeun panto lawang perubahan ieu.

Tedi, nu dina Pemilu taun ieu ogè caleg DPRD Provinsi Jawa Barat, miharep sangkan Pemilu 2024 jadi kasempetan alus pikeun ngalakukeun parubahan ka arah nu leuwih hadè.

"Parubahan ka arah nu langkung saè, raharja, nu ngajantenkeun masarakat gaduh hak. Ulah dugi ka sakumaha hasil survei danget ayeuna eksisting Indonesia pangaos pangan nuju undak, lowongan padamelan nuju sesah, panglayan kasehatan ribet, sareng seueur hasil survei sanèsna, " ceuk Tedi satutas monitoring Musrembang tingkat Kecamatan Katapang di aula Kantor Kecamatan Katapang, Jima'ah, 2 Pebruari 2024.

Baca Juga: Nasdem, PKB jeung PKS Optimistis AMIN Unggul dina Pilpres 2024

Ku kituna, ceuk Tedi dina tanggal 14 Pebriari sangkan masarakat datang ka TPS ku cara milih pamingpin nagara, presiden, nu sakirana bakal mèrè karaharjaan ka masarakat.

"Pamingpin nu kinten-kinten tiasa masihan parubahan ka arah nu langkung saè. Kitu deui partey-partey nu kedah dipilih tèh nu pro ka masarakat, sanès pro ka pamarèntah, komo deui ka oligarki, " ceuk Tedi Surahman.

Tedi Surahman ngaku dirina nyalonkeun jadi anggota DPRD Provinsi Jabar loba relawan nu ngarojong.

"Supados simkuring ngalèngkah langkung lega, padamelan langkung seueur, kontribusi kanggo masarakat ogè kedah langkung seueur. Insyaallah amal ogè langkung seueur, " ceuk ieu celeg nu boga jargon TEMAN BIDATI teh.

Tedi Surahman ngartikeun TEMAN singgetan Tedi Surahman, bisa dihartikeun ogè sobat atawa balad. Ari BIDATI singgetan tina 'Biru Dalapan Tilu'. Biru, warna Surat Suara DPRD Provinsi, Dalapan angka 8, nomer Partai PKS. Tilu, angka 3 nomer urut Caleg Tedi Surahman.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x