Legislator F PKS Eka Ahmad Munandar Mgawadahan Aspirasi Warga di Padumukanana

- 20 November 2023, 17:00 WIB
Reses anggota Fraksi PKS, Eka Ahmad Munandar di salah sahiji kape di Desa Gandasoli Katapang.
Reses anggota Fraksi PKS, Eka Ahmad Munandar di salah sahiji kape di Desa Gandasoli Katapang. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Nepungan konstituenna dina reses di Kecamatan Katapang, anggota Fraksi PKS DPRD Kabupaten Bandung, Eka Ahmad Munandar narima saniskara aspirasi. Di antarana nu mènta jalan dibebener, gang, ngomèan rutilahu, katut pasualan runtah.

Reses di Kecamatan Katapang, pernahna di Desa Gandasoli, pikeun Eka Ahmad Munandar mah jadi kesan husus, lantaran lembur pituinna, malah dirina kungsi jadi Kepala Desa Gandasoli.

Ku kituna, basa aspirasi loba dltepikeun warga, ceuk Eka, hiji hal nu wajar. Inyana jangji baris nyurung asprasi nu dtepikeun ku warga.

Baca Juga: Legislator Fraksi Golkar, Hj. .Ety Mulyati : Mangpaatkeun Reses Sahadè-Hadèna

Komo deui aspirasi ngeunaan rutilahu, lantaran mibanda imah nu pantes jadi tempat dumuk tèh minangka kebutuhan dasar warga.

Pemkab Bandung nu nargetkeun sataunna ngomèan 7000 rutilahu, ceuk Eka, baris terus disurung tur dikawal programna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah