Legislator Fraksi Golkar, Hj. .Ety Mulyati : Mangpaatkeun Reses Sahadè-Hadèna

- 20 November 2023, 16:30 WIB
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi Golkar, Hj. Ety Mulyati.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi Golkar, Hj. Ety Mulyati. /Sopandi/

GALURA.CO.ID -Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Hj. Ety Mulyati nètèlakeun,  aspirasi nu ditepikeun warga, boh sacara lisan boh tinulis kana lembar aspirasi, baris direalisasikeun. Ngan teu barang diajukeun langsung ngawujud.

Kituna ditepikeun Hj. Ety Mukyati basa ngalaksanakeun reses masa sidang I taun 2023, di salah sahiji titik di GOR Lembur Purbasari, Desa Wanasuka, Kecamatan Pangalengan, Kabupaten Bandung can lila ieu.

Hj.Ety nu anggota Fraksi Golkar DPRD Kabupaten Bandung  ngahempèkeun ka warga pikeun ngamangpaatkeun sahdè-hadèna kesempetan reses ku ngasongkeun aspirasi.

Baca Juga: Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Tedi Supriadi:  ka  Badung Bali Lain rek Piknik, tapi  Studi Tiru

"Upami kasempetan reses teu dimangpaatkeun, lebar aya luang kapiceun. Margi anggaranana disayagikeun, sanaos aspirasi nu diajengkeun teu langsung ngawujud," ceuk Ety.

Ety ngaku, baris merjuangkeun aspirasi warga tepi ka ngawujud. "Aspirasi baris kaakomodir, namung ngalangkungan proses. Waktosna mungkin dugi ka sataun, teu tiasa langsung karèalisasisasi gumantung pangajuanana, ngalangkungan mekanisme heula," ceuk Ety.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah