Caleg DPR RI ti FKB, Rina Sa'adah, Lc, M.Si, Nganjang ka Gunung Susuru Ciamis

- 18 November 2023, 16:26 WIB
Rina Sa'adah, calon DPR RI ti FKB, ti daerah pemilihan (dapil) Jawa Barat X.
Rina Sa'adah, calon DPR RI ti FKB, ti daerah pemilihan (dapil) Jawa Barat X. /Nanang S/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Rina Sa'adah, calon DPR RI ti FKB, ti daerah pemilihan (dapil) Jawa Barat X (Kabupaten Kuningan, Kabupaten Ciamis, Kabupaten Pangandaran, jeung Kota Banjar, Saptu sore, 18 November 2024, tumorojog ka Situs Budaya, Gunung Susuru, Desa Kertabumi, Kecamatan Cijeungjing, Kabupaten Ciamis.

Maksud ngadongdon ka Gunung Susuru teh, ceuk Rina, taya lian ti hayang leuwih mikawanoh sejarah Galuh. "Kabudayaan, kalebet sejarah, ku urang kedah dipiwanoh, kedah dimumule, kedah dimotekarkeun," pokna.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Di Gunung Susuru, Rina dibageakeun ku para budayawan Ciamis, di antarana ku juru pelihara Situs Gunung Susur, Jejen, nu nerangkeun ngeunaan Gunung Susuru tina jihad sejarah jeung arkeologi.

Abah Hendra, salasaurang budawayan Ciamis nerangkeun ngeunaan ajaran Galuh nu aya patalina jeung kapamingpinan. Sejarah Galuh didadarkeun ku Yan Harja.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah