Panwascam Margaasih Kabupaten Bandung Nalingakeun pisan Distribusi Kotak Suara

- 9 Februari 2024, 10:28 WIB
Ketua Panwascam Margaasih Kabupaten Bandung, Risman Ruswandi (tengah), dibarengan Koordiv/ HP2HM, Roby Assyddik (kènca) katut koordiv P3S M.. Abdul Gani.
Ketua Panwascam Margaasih Kabupaten Bandung, Risman Ruswandi (tengah), dibarengan Koordiv/ HP2HM, Roby Assyddik (kènca) katut koordiv P3S M.. Abdul Gani. /Sopandi/galura.co.id


GALURA.CO.ID -Panwascam  Margaasih nalingakeun pisan di distribusikeunana logistik kotak suara ti Gudang KPU Kabupaten Bandung di Kecamatan Katapang ka Gudang PPK Kecamatan Margaasih di lelewek Kantor Desa Rahayu Jalan Taman Kopo Indah II Nomer 01 desa satempat, Salasa, 6 Pebruari 2024 sawatara waktu kaliwat.

Ketua Panwascam Kecamatan Margaasih, Risman Ruswandi, nètèlakeun, salila 13 jam proses distribusi kotak suara ka Gudang Kecamatan Margaasih (ti jam 13.00 tepi ka jam 02.00 WIB) aya dina pangawasan Panwascam Margaasih pikeun mastikeun sakabèh logistik dina kaayaan alus, teu ruksak jeung luyu katangtuan.

Risman nu dibarengan Koordiv/HP2HM, Roby Assyddik jeung Koordiv P3S M.. Abdul Gani  nyebutkeun, iwal ti Panwascam Kecamatan Margaasih, pihak Kapulisian
jeung TNI ogè aub dina pangawalan jeung pangamanan logistik  ti mimiti dimiangkeun ti gudang KPU Kabupaten Bandung tepi ka diturunkeun di gudang Kecamatan Margaasih.

Baca Juga: Sakeudeung Deui Mangsa Kampanyeu Pemilu Lekasan

Risman nyebutkeun, kotak suara nu ditarima ku PPK Kecamatan Margaasih lobana 2.160 , nu ngawengku 432 kotak suara keur Pemilihan Presiden jeung Wakil Presiden (PPWP), 432 kotak suara keur DPR-RI, 432 kotak suara keur DPRD-Provinsi, 432 kotak suara keur DPRD-Kabupaten katut 432 kotak suara keur DPD RI.

"Sateuacanna, dina 27 Januari 2024, gudang logistik Kecamatan Margaasih ogè tos nampi bilik suara sajumlah l .728 kanggo masing-masing TPS 4 bilik suara, tur parlengkapan sanèsna, sapertos elem sareng kartu identitas kanggo saksi di TPS, " ceuk Risman di Sekretariat Panwascam Margaasih di Komplek CCi Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih, Juma'h, 9 Pebriari 2024.

Iwal ti mastikeun kotak suara jeung logistik sèjènna dina kaayaan alus, ceuk Risman, pihakna ogè cumeluk ka PPK sangkan teu kendat-kendat nolih kaamanan tur kaberesihan gudang, ku ngonci akses kaluar asup gudang, nyarèk kagiatan barangdahar jeung nginum di jero gudang, teu ngaroko di jero jeung luareun gudang, tur  ngajaga sangkan nyinglar kajadian nu teu dipikahayang.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah