Sakeudeung Deui Mangsa Kampanyeu Pemilu Lekasan

- 8 Februari 2024, 20:14 WIB
Ketua Bawaslu Kabupaten Kuningan, Firman , basa Press Release
Ketua Bawaslu Kabupaten Kuningan, Firman , basa Press Release /Ajun Mahrudin/

GALURA-Salila tahapan kampanyeu Pemilu 2024, Badan Pengawas Pemilu (Bawaslu) Kabupaten Kuningan geus ngalakonan pancenna dina pangawasan.

Tahapan kampanyeu pemilu, dipitembeyan ti mimiti 28 November 2023 nepika 10 Pebruari 2024.

Sakumaha ditembrakeun ku Ketua Bawaslu Kabupaten Kuningan, Firman, salila tahapan pemilu pihakna geus ngalakonan pangawasan tahapan kampanyeu luyu reujeung aturan dumasar PKPU 15 Taun 2023 ngeunaan kampanyeu Pemilu.

“Sababaraha dinten deui tahapan kampanyeu pemilu rengse. Kadituna masa tenang, teu kenging aya kampanyeu dina sagala kagiatan,” ceuk Firman, basa acara Press Realis, di Rageman, lelewek Kelurahan Cipari, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan, Kemis, 8 Pebruari 2024.

Patali eta hal, ceuk Firman, pihakna baris ngalakonan patroli pangawasan, sanggeus mungkas mangsana kampanyeu atawa nincak mangsa tenang, mapag dina ngalaksanakeun pemungutan suara pemilu.

Ceuk Firman, satuluyna, dina nincak mangsa tenang, peserta pemilu dipahing ngalokanan kampanyeu sagala bentuk kampanyeu. Contona nginjreum ngaran sosialisasi, silaturahmi, pentas seni jeung sajabana.

Firman nyebutkeun, Bawaslu Kabupaten Kuningan geus nyusun ngadata sababaraha potensi kerawanan kampanye di mangsa tenang. Pon kitu dina sual tarekah nyinglar palanggaran kampanyeu dina mangsa tenang.

Ku sabab kitu, pikeun nyinglar Oleh potensi kerawanan kampanyeu dina mangsa tenang, pihakna baris surat pikeun ngingetkeun peserta pemilu larangan kagiatan anu deukeut-deukeut kana kagiatan kampanyeu dina mangsa tenang.

“Sim kuring oge bade koordinasi sareng pamarentah daerah sareng stakholder anu aya patalina sareng pemilu kanggo nartibkeun alat paraga kampanyeu,” ceuk Firman.

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x