Ketir, Rebuan Warga Pasedek-sedek Meuli Bèas nu Sakilona Rp10.300 dina Gerakan Pangan Murah Pemkab Bandung

- 2 Maret 2024, 06:38 WIB
Di Kabupaten Bandung, warga ngantri mareuli bèas nu harga sakilona Rp10.300, padahal bareto  mah Kabupaten Bandung lega sawahna.
Di Kabupaten Bandung, warga ngantri mareuli bèas nu harga sakilona Rp10.300, padahal bareto mah Kabupaten Bandung lega sawahna. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Rèwuan warga ti ampir saban kecamatan di Kabupaten Bandung ngaleut ngeungkeuy ngadeuhdeug Gerakan Pangan Murah di palataran Kantor Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakkan) Kabupaten Bandung di Kompleks Pemkab Bandung, kamari, Jumaah, 1 Maret 2024.

Ti jam 06.00 WIB kènèh warga geus ngaliud di palataran Kantor Dispakkan, padahal Gerakan Pangan Murah, karèk ibuka jam 08.00 Wib ku Bupati Bandung, Dadang Supriatna dibarengan Kepala Dispakkan, Ina Dewi Kania.

Gerakan Pasar Murah gawè bareng Dispakkan Kabupaten Bandung jeung Bulog Jawa Barat, nu nyadiakeun kana 5 ton bèas jenis medium, 1.800 lèter minyak goreng, 200 kilogram gula bodas, daging hayam, daging sapi, bawang bodas, bawang beureum, kumeli katut jenis sayuran sèjènna.

Baca Juga: Jumling ka 91 Bupati Bandung Nyosialisasikeun 13 Program Prioritas jeung Cumeluk sangkan Masarakat Waspada

"Pemkab Bandung nyayagikeun lima ton bèas nu diical lima kilo Rp 53 ribu. Janten sakilona Rp 10.300. Minyak goreng dua literna mung Rp 30 rèbu," ceuk Dadang Supriatna.

Iwal ti bèas jeung minyak goreng murah, ceuk Bupati, Pemkab Bandung ogè nyayagikeun endog sakilona Rp 28 rèbu. Padahal harga endog di pasaran sakilona nepi kana Rp 32 rèbu. Daging hayam dijual sakilo Rp 28 ribu, ari di pasaran sakilona kana Rp 32 rèbu.

Sabaraha jenis komoditi sèjènna nu dijual murah, di antarana bawang beureum sakilo Rp 21 rèbu, bawang bodas Rp 34 rèbu, paket rupa-rupa sayuran nu dijual sapaketna Rp 5 rèbu. Kumeli, daging sapi ti Frozen food nu ogè dijual leuwih handap ti batan di pasaran.

"Dipiharep Gerakan Pasar Murah ieu bisa nyumponan kabutuhan masarakat mayunan Romadon. Urang ayakeun teras Pasar Murah sapertos kieu di sababaraha kecamatan. Mugia mangpaat kanggo masarakat sakantenan tiasa menjagi inflasi," ceuk Bupati Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah