Jumling ka 91 Bupati Bandung Nyosialisasikeun 13 Program Prioritas jeung Cumeluk sangkan Masarakat Waspada

- 1 Maret 2024, 21:09 WIB
Jumling ka 91 di Masjid Al-Itihad Desa Sadu, Bupati Bandung  nyosialisasikeun 13 program prioritas jeung  nyantun sajumlah budak yatim.
Jumling ka 91 di Masjid Al-Itihad Desa Sadu, Bupati Bandung nyosialisasikeun 13 program prioritas jeung nyantun sajumlah budak yatim. /Sopandi/galura.co.id.

GALURA.CO.ID -Satutas ngaluuhan bubuka Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Suara Tingkat Kabupaten Bandung Pemilu 2024 di Hotel Sutan Raja Soreang, Bupati Bandung ngalaksanakeun Jumla'ah Keliling ka 91 di Masjid  Al-Itihad Desa Sadu, Kecamatan Soreang, Kabupatem Bandung, Jum'at (1/3/2024).

Sabada ngalaksanakeun solat Juma'ah Dadang Supriatna nyosialisasikeun program prioritas Kabupaten Bandung, di antarana program guru ngaji kalayan anggaran Rp 109 miliar keur kuota 17.000 urang, nganggarkan Rp 25 miliar jang Program Kartu Tani taun 2023, BPJS Ketenagakerjaan jang  87.781 petani, jeung nu lianna.

Dina kasempatan Jumling, Bupati ogè nyantunan  budak yatim. Samèmèh ninggalkeun Masjis Al-Itihad, Dadang Supriatana talatah ka masyarakat sangkan ngaronjatkeun kawaspadaan patali cauaca ektrim.

"Sanès mung tanggelwaler pamarèntah, perkawis bencana memang masalah alam, tapi simkiring ogè tos nyayagikeun anggaran. Kamari tos ngagèsèr Bantuan Tak Terduga (BTT) kanggo ngabantos masarakat nu katarajang bencana kanggo kaperyogian tuangna, " ceuk Dadang Supriatna.

Bupati nyebutkeun, inyana geus nugaskeun para camat pikeun .ngalakukeun asismen. "Sabaraha kinten-kinten warga nu keuna bencana. Simkuring tos masihan waktos dugi ka kaping 5 Maret 2024 kanggo ngalakukeun asesmen. Hasilna  bakal masihan bantosan luyu sareng palaturan," pokna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah