Bari keur Ngalakonan Puasa,  Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka Tetep Sumanget Nganggeuskeun Pagawean

- 18 Maret 2024, 15:00 WIB
Sajero ngalakonan ibadah puasan Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka neruskeun ngabatu jalan.
Sajero ngalakonan ibadah puasan Satgas TMMD ka 119 Kodim 0617 Majalengka neruskeun ngabatu jalan. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ibadah puasa di bulan Romadon teu ngurangan sumanget digawe anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka dina nuluykeun hanca pengerasan jalan.

Anggota Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617 Majalengka jeung masarakat  sacara gotong royong nuluykeun pagawean pengerasan jalan sapanjang 3000 meter di Desa Cipasung, Kecamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka.

Bari jeung ngalakonan ibadah puasa, nggota Satgas TMMD tetep nuluykeun pekerjaan. 

"Pangwangunan jalan sapanjang 3000 meter dipiharep tiasa maparina manpaat kangge masarakat Desa Cipasung sareng sabudeureunna, sarta ngagampilkeun mobilitas masarakat," ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P.,  Dansatgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Senen (17/3/2024).

Satgas TMMD katut masarakat  ceuk Letkol Inf Dudy Pilianto make ku alat berat ngabatu jalan. "Dipiharep tiasa rengse dina waktuna nalika waktos penutupan kagiatan TMMD," ceuk Lerkol Inf Dudy Pilianto.

"TMMD, tiasa langkung nanjeurkeun kamanunggalan TNI katut rayat, sarta TNI tetep aya dina manah rayat," ceuk Dansatgas deui.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x