Warga Ngadeugdeug Bazar Murah Kodim 0617/Majalengka Ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H

- 3 April 2024, 05:57 WIB
Warga ngaleut ka Bazar Murah nu digelar ku Kodim 01617 Majalengka (02/04/2024).
Warga ngaleut ka Bazar Murah nu digelar ku Kodim 01617 Majalengka (02/04/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kodim 0617/Majalengka ngagelar Bazar Murah ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H / 2024 M, tempatna di Makodim 0617/Majalengka, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka, Salasa (02/04/2024).

Bazar Murah nu bareng dilaksanakeun di unggal kodim saindonesia dibuka langsung Panglima TNI Jenderal TNI Agus Subianto, anu diwakilan ku Kepala Staf Umum (Kasum) TNI Letjen TNI Bambang Ismawan, di Mabes TNI Cilangkap Jakarta Timur. Diiluan sacara virtual ku sakumna Kotama-kotama TNI saindonesia.

Kasum TNI netelakeun, Bazar Murah anu dilaksanakeun bareng teh bisa ngabantu paekonomian jeung karaharjaan keur kulawarga prajurit TNI jeung keur masarakat nu dumuk sabudeureun markas TNI.

Baca Juga: Dandim Mingpin Acara Korps Kenaikan Pangkat Prajurit Kodim 0617/Majalengka Periode 1 April 2024

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., ditepikeun ku Danramil 1717/Kadipaten Kapten Arh Winarno, nyebutkeun Bazar Murah dilaksanakeun pikeun ngabantu ngungkulan naekna harga bahan poko dina waktu rek Idul Fitri 1445 H / 2024 M hususna masarakat di wilayah Kabupaten Majalengka.

Bazar Murah rempug gawe jeung Diskatan, Disperindag katut Bulog Kabupaten Majalengka. Masarakat bisa ngamangpaatkeun Bazar Murah keur nyukupan kabutuhan pangan sapopoe kalayan harga anu leuwih kahontal, anu utama ngabageakeun Hari Raya Idul Fitri.

"Janten masarakat disumnggakeun lebet kangge ngagaleuh bahan poko anu tos disayogikeun di Makodim, sapertos minyak goreng, mie instan, endog, beas, gula bodas, sareng sajabina," ceuk Kapten Arh Winarno.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah