Dandim Mingpin Acara Korps Kenaikan Pangkat Prajurit Kodim 0617/Majalengka Periode 1 April 2024

- 2 April 2024, 11:22 WIB
Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun acara korps kenaikan pangkat,   tempatna di Aula Sindang Kamulyan Makodim, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengjka, Kabupaten Majalengka, Senen (01/04/2024).
Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun acara korps kenaikan pangkat, tempatna di Aula Sindang Kamulyan Makodim, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengjka, Kabupaten Majalengka, Senen (01/04/2024). /Ayank /galura.co.id

GALURA.CO.ID - Tradisi acara korps kenaikan pangkat dianti-anti pisan ku sakumna prajurit. Kodim 0617/Majalengka ngalaksanakeun acara korps kenaikan pangkat, dipingpin ku Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., tempatna di Aula Sindang Kamulyan Makodim, Jalan KH Abdul Halim No. 403 Kelurahan Tonjong, Kecamatan Majalengjka, Kabupaten Majalengka, Senen (01/04/2024).

Acara Korps Kenaikan Pangkat dipasrahkeun ka 13 urang prajurit anu naek pangkat satingkat leuwih luhur dina periode 1 April 2024. Naekna pangkat oge wujud pangajen nagara ka prajurit TNI kana dedikasi tur pangabdianna.

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., umajak keur syukuran ka Allah SWT bisa ngalaksanakeun acara Korps Kenaikan Pangkat Bintara jeung Tamtama periode 1 April 2024 dina kaayaan sehat walafiat.

Baca Juga: Satgas TMMD ka-119 Kodim 0617/Majalengka, Ngaronjatkeun Paekonomian Warga Desa Cipasung

Disebutkeun Dandim, naekna pangkat lain hak satiap prajurit, tapi bentuk pangajen ti nagara. "Amanah naekna pangkat kedah mindeng disikepan buktos kapercantenan anu dipasihkeun ku pingpinan ka urang sadayana, anu mibanda ajen dedikasi sareng motivasi didamel anu hade sarta mangaruhan kana kanaekan gajih katut karaharjaan," ceuk Dandim.

Saacan mungkas sambutanna, Dandim umajak pikeun ngadoa sangkan Allah SWT salawasna masihan pituduh, apingan tur digampangkeun dina nyanghareupan tugas. Tina kituna bisa mere pangabdian panghadena ka bangsa katut nagara.

Acara diluuhan sakumna Perwira Staf Kodim 0617/Majalengka, sakumna jajaran Danramil Kodim 0617/Majalengka, wawakil Bintara jeung Tamtama jajaran Koramil 0617/Majalengka katut pangurus Persit KCK Cabang XXVIII Kodim Majalengka.***Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x