Bupati Bandung Nyoblos di TPS 37 RW 14 Desa Tegalluar, Laju Nguriling Nitènan TPS

- 14 Februari 2024, 08:13 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna, ngagunakeun hak pilihna dina Pemilu 2024 di lemburna di Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Rebo, 14 Pebruari 2024.

Dadang Supriatna nyoblos jam 08.00 WIB
di TPS 37 RW.14 Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang, dibarengan Camat Bojongsoang.

Satutas nyoblos, Bupati Dadang ngagendakeun sababaraha kagiatan patali Pemilu. Jam 09.30 WIB Monitoring Pelaksanaan Pemilu taun 2024, titik kumpul di panganjrekanana Jalan Raya Sapan No. 230 Desa Tegalluar.

Baca Juga: Panwaslu Kecamatan Kutawaringin Ngayakinkeun Logistik Pemilu Aman di Gudang Tepi ka 316 TPS

Dumasar agenda ti Diskominfo Kabupaten Bandung, Bupati Bandung, dimimitian ngadongdon TPS 1 Jalan Nusaidah RT. 05/RW.10 Deds Sarimahi Kecamatan Ciparay.

Jam 10.00 WIB ka TPS 35 Jalan Paledang RT. 05/RW. 06 Desa Cileunyi Wetan Kecamatan Cileunyi. Jam 10.30 WIB ka TPS 3 Kopo Squere Desa Margahayu Tengah Kecamatan Margahayu.

Jam 11.00 laju ka TPS 2 hareupeun Komplek Taman Kopo Katalang (TKK) Desa Katapang Kecamatan Katapang. Jam 11.30 ISHOMA di RM. Laksana, Gapura Selamat Datang, Jalan Raya Soreang - Kopo.

Dipungkas, jam 12.30 Monitoring Persiapan Perhitungan Suara Pemilu 2024
di Kantor KPU Kabupaten Bandung. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x