Ceuk Kadiskominfo, Ieu Dua Kawijakan Bupati Bandung dina Tarèkah Ngamumulè Basa Sunda

- 21 Februari 2024, 17:39 WIB
Kepala Kadiskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha.
Kepala Kadiskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugraha. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Kepala Diskominfo Kabupaten Bandung, H. Yosep Nugalraha ngawilujengkeun Poe Basa Indung sadunya nu dipièling ti mimiti taun 2000 dina saban tanggal 21 Pebruari .

Yosep sorangan aya kalana sok nyieun status di media sosial makè basa Sunda. Inyana kapincut lantaran salasahijina dina basa Sunda loba ragam jeung falsafah nu kacida jero hartina.

Ceuk Yosep, di Indonesia aya kana 718 basa Indung dina rupa-rupa kaayaan. Di antarana 24 basa kaayaanana stabil tapi kaancam musnah, jeung 21 dikategorikan aman. 

Baca Juga: Basa Indung jeung Média Sunda, teu Bisa Lésot tina Kahirupan Masarakatna

Yosep nètèlakeun, dina raraga tarèkah ngamumulè, miara tur ngaronjatkeun pamahaman basa Sunda salasahiji basa indung di Indonesia, hususna di Jawa Barat jeung Kabupaten Bandung, Pamarèntah Kabupaten Bandung geus netepkeun saniskara kawijakan.

"Di antawisna Pa Bupati tos netekeun kawijakan muatan lokal di sakola. Ieu tèh kanggo masihan pamahaman, sareng edukasi ka para siswa supados aranjeunna langkung paham kabudayaan daerah utamina basa Sunda nu janten basa sadidinten di lingkungan masarakat," ceuk Yosep dina acara Hari Pers Nasiomal PWI Kabupaten Bandung di Rancabali, Rebo, 21 Pebruari 2024.

Nu kadua, ceuk Yosep, dina saban poè Rebo, Kabupaten Bandung geus nenetepkeun aktivitas pamarèntahan jeung kamasarakatan
pikeun makè basa Sunda.

Baca Juga: Basa Indung: Panyatur Basa Jawa Panglobana, Basa Sunda Réngking Ka-2

"Ieu dina tarèkah ngajantenkeun nyarios basa Sunda jadi kabiasaan dina kahirupan sadidinten, dikawitan ti kulawarga minangka entitas masarakat nu pangalitna, " ceuk Yosep.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x