Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan, Ikon Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung

- 5 Desember 2023, 10:34 WIB
Bumi Perkemahan di Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung.
Bumi Perkemahan di Desa Cilame, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Taya tiluna Andes di dunya, ukur aya di Amerika jeung Cilame. Desa Cilame teh hiji desa ti 11 desa nu aya di Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung. Pernahna tungtung kidul wewengkon Kecamatan Kutawaringin.

Beulah kulon Desa Cilame ngatapel wates jeung Desa Buninagara, beulah wètan jeung Walungan Ciwidey, kidulna jeung Desa Cikoneng Kecamatan Pasirjambu, kulonenana ngatapel wates jeung Desa Karyamukti, Kabupaten Bandung Barat.

Desa Cilame aya dina 1.100 meter tina beungeut cai laut (mdpl) kalawan topografi jurang jeung pasir. Desa Cilame ngadeg taun 1938, kalawan munggaran pusat pamarèntahanana di Kampung Sodong. Danget ayeuna Desa Cilame dipupuhuan ku Alo Sobirin, nu geus nyangking jabatan tilu entragan.

Baca Juga: Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

Dina awal kapamingpinan Alo, taun 2006- 2013, Desa Cilame masih nyangking desa tertinggal. Ayeuna geus jadi Desa Mandiri, bari ogè nyandang status Desa Wisata. Nu jadi ikon Desa Cilame tèh dua tempat nu dikokolakeun sangkan bisa jadi jalan kahirupan nyiar kipayah warga: Bumi Perkemahan Andes jeung Kalang Pamidangan.

Anak desa

Andes tèh ceuk Alo Sobirin taya tiluna sadunya. Andes ngaran pagunungan di Amerika jeung Andes bumi perkemahan di Cilame. "Mangga wè tingal dina Google, teu aya deui, sadunya Andes pagunungan di Amerika sareng Andes di Cilame, Kutawaringin, " ceuk Alo dina hiji acara di Cilame.

Ngan ceuk Alo, Andes di Cilame mah lain niron ngaran gunung di Amerika, tapi singgetan tina Anak Desa. Ti heula, cenah aya tim voli bal ti Desa Cilame ngarana Andes (Anak Desa) nu jadi juara sakabupaten Bandung. Pikeun ngajènan èta tim, nya ku Alo Sobirin diabadikeun jadi ngaran bumi perkemahan di desana, Andes nu legana kana 7 hektare.

Ikon kadua Kalang Pamidangan, tempat kontes domba. Kalang pamidangan legana kana 1400 meter pasagi. Kalang Pamidangan ceuk Alo lain mgan saukur tempat kontes domba jeung mintonkeun kasenian penca, tapi sarana hiburan masarakat, sakaligus ngahirupkeun paèkomomian warga.

Ieu tèh ceuk Alo pikeun kama’muran masarakat. " Sakedikna aya jatah kanggo UMKM Desa Cilame. Teu mung warga Desa Cilame, samalih warga ti luar Kabupaten Bandung mangga aub di dieu," pokna. Kalang Pamidangan jadi tempat bisnis jeung hiburan. Domba nu pangalusna sajawa Barat tepi ka nasional ogè kungsi midang di Kalang Pamidangan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x