Seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Baheulana Dibawa ku Kukurung

- 25 Januari 2023, 20:29 WIB
Saurang mojang keur ngibing, Dina pagelaran seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Kecamatan Cibingbin, Kabupaten Kuningan.*
Saurang mojang keur ngibing, Dina pagelaran seni Sintren di Desa Dukuhbadag, Kecamatan Cibingbin, Kabupaten Kuningan.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Sintrén asal kecap sesantrian, nyaéta niru santri dina waktuna santri maén lais, debus, rudat atawa ubrug.

Aya ogé nu nyebut asal kecap tina sinatria, hartina niru sinatria boh dina gerak gerikna boh cara maké pakéan.

Seni Sintren aya di sabaraha daerah, di Jawa Barat diantarana wae Majalengka, Cirebon Indramayu jeung wewengkon Kabupaten Kuningan. Aya ogé di sabaraha daerah Jawa Tengah.

Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

Di daerah Jawa Barat, masih keneh hirup  di Desa Dukuhbadag, Kecamatan Cibingbin, tapel Wates Provinsi Jawa Barat-Jawa Tengah.

Nyaritakeun seni sintrén di Désa Dukuhbadag geus aya ti mimiti taun 1930, dipingpin ku Warjiah.

Ieu kasenian diduga dibawa warga ti luar daérah nu datang ka Désa Dukuhbadag pikeun buburuh ngala paré atawa dibuat.

Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

Nu biasa buburuh ngala paré téh katelahna kukurung.

Ceuk Punduh Sintren di Dukuhbadag, Sahrudin (82), dumasar carita lisan ieu kasenian baheula sok dimaénkeun ku kukurung dina mangsa reus tina kagiatan ngala paré.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x