GALURA -Sampyong teh seni tradisi budaya Sunda asli Kabupaten Majalengka. Mimiti tumuwuh di Desa Baribis, Kecamatan Cigasong.
Kepala Desa Baribis, Dudung Abdul Karim, salahsaurang tokoh seni Sampyong, ngadegkeun Paguyuban Sampyong di desana sarta anggotana lain ukur warga desana.
"Pangna anggota Paguyuban Sampyong sanes mung ukur ti Desa Baribis supados Sampyong tiasa sumebar ka wilayah sanesna di Kabupaten Majalengka," pokna.
Hasilna kiwari sumebar di unggal kacamatan nu aya di Kabupaten Majalengka, lain ukur di Desa Baribis.
Dudung miharep, tumuwuhna paguyuban-paguyuban Sampyong, umumna seni budaya Sunda, entragan ngora kapondasi ku budaya nu kuat.
Politikus PDI Perjuangan, Tb Hasanuddin nu lahir di Talaga Kabupaten Majalengka katajieun pisan ku seni Sampyong jeung Paguyuban Sampyong Desa Baribis.
Saptu (21/01/2023) Tb Hasanuddin ngagelar silaturahmi jeung Paguyuban Sampyong Desa Baribis.
Baca Juga: Tb. Hasanuddin Politikus PDI Perjuangan, Teu Reureuh Ngamumule Seni Budaya Sunda