Imahna di tengah sawah.“Tah ieu Nyi Mas Pohaci Rinukasih, kacapi warisan ti pun bapa. Umurna parantos puluhan taun,” ceuk Ayi Ruhyat (40) bari mamérkeun kacapi siter, anu biasa di paké mantun ku dirina. Ayi nétélakeun asal-usul kacapi pantun.
Nurutkeun béja nu katarima ku dirina, kacapi pantun téh téh warugana “Nyi Mas Pohaci Rinukasih. Unggal bagian kacapi téh cenah mah gambaran tina jirimna Pohaci,” pokna.
Ayi ngagalantang: parungpung diangken tangtung, galang diangken létah, caruk nu diangken gelung, susuna diangken inang, pureut diangken panangan, kawat diangken urat.
Patali jeung éta mitos, pantun dina kontéks masarakat pahumaan dijadikeun média dina upacara nginebkeun, ampih paré, jeung hajat lembur. Demi kecap pantun, nurutkeun Ayi wancahan tina “patutunggalan”.
"Anu dimaksud patutunggalan téh nyaéta dipaénkeun ku saurang, atawa pamaénna tunggal,” kitu ceuk Ayi, juru pantun nu kiwari remen mantun dina tradisi ngaruat jeung hajatan.
Ngahormat Dewi Sri Rumbuyang
Minangka catetan, ceuk Arthur S. Nalan mah, dina buku Anatomi Téater daérah, kecap pantun téh asalna tina kecap “paharé” atawa paré. Naon nu dicaritakeun ku Arthur dumasar kana raketna pantun jeung ritual kasuburan.
Baca Juga: Ibing Sunda, Tacan Aya deui Wanda Anyar nu Mapakan Jaipongan
Keur ngahormat Déwi Sri Rumbiyang Jati atawa Nyi Pohaci, saban mitembeyan atawa nyalin teu weléh dijajap ku jentréngna seni pantun. Naon baé carita anu sok dipidangkeun dina seni pantun?
Ceuk Ayi carita nu dipidangkeun téh pikeun ngahormat Déwi Sri nyaéta Buyut Matao. Anu gaduh gunung Padang, Paré Gumulung, Gumilang, anu gelar ngagulung di gunung Padang, anu ngadamel pacul jeung arit.
Anu ngawujud jadi paré bodas, paré beureum, paré konéng jeung paré hideung. Demi di luar konteks ritual Déwi Sri, umumna carita pantun nyaritakeun para putra Prabu Siliwangi raja Pajajaran anu keur ngalalana dina raraga ngalegaan wilayah kakawasaan karajaan Pajajaran.