Ayah Lapidin Kungsi Dijieun Naskah Oratorium jeung Dijieun Karya Tari ku Mahasiswa ISBI

- 2 Februari 2023, 13:00 WIB
Ayah Lapidin, taun 2019 dijieun karya tari, ku Iyang Gusti, mahasiswa Pascasarjana Instititut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung.  Judul garapanna: Jawara Senandung Kembang Gadung di Tiang Gantung, tésis S-2 dina wangun karya tari.
Ayah Lapidin, taun 2019 dijieun karya tari, ku Iyang Gusti, mahasiswa Pascasarjana Instititut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung. Judul garapanna: Jawara Senandung Kembang Gadung di Tiang Gantung, tésis S-2 dina wangun karya tari. /

GALURA -Carita ngeunaan Kembang Gadung jeung Ayah Lapidin, taun 1987, kungsi dijieun naskah oratorium ku budayawan Idit Supardi Madiana suwargi.

Sutradara oratorium Kembang Gadung: Bambang Arayana; asistén sutradaran: Wan Rénggo; penata tari: M. Nana Munajat Dahlan suwargi jeung Rohaendi. Anu merankeun Ayah Lapidin: Waway Sutia Erawan, diluluguan ku H. Agustias Amin.

Oratorium Kembang Gadung dipintonkeun di Lapang Bintang, Kabupaten Subang, kalawan dilalajoan ku dua rébu panongton.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Sakumna panongton kawas nu kasirep, kabawa palid kana jalanna carita. Saterusna taun 1990-an digarap ku Bambang Arayana, pamaénna siswa SMKI Bandung, dipintonkeun dina acara bubuka Prakték Kerja Nyata (PKL) di gedong bioskop Candra Subang.

Taun 2017 carita Ayah Lapidin dipidangkeun deui ku seniman Aan Ikhsan Gumelar ngaliwatan Fiksi Mini.

Carita ngeunaan Ayah Lapidin, taun 2019 dijieun karya tari, ku Iyang Gusti, mahasiswa Pascasarjana Instititut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung.

Judul garapanna: Jawara Senandung Kembang Gadung di Tiang Gantung, tésis S-2 dina wangun karya tari.

Ku kaparigelan Iyang Gusti, Ayah Lapidin digambarkeun jawara di tatar Subang anu mahér ngulinkeun jurus penca, jalma anu lébér wawanén, panceg adeg-adegna, hadé tangtunganna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x