Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna

- 26 Januari 2023, 09:16 WIB
Doel Sumbang.*
Doel Sumbang.* /Instagram/@doelsumbang_site

GALURA - Tepung jeung Doel Sumbang téh, waktu inyana manggung ngareuah-reuah acara Dies Natalis nu ka-62 Universitas Pasundan (Unpas), di Kampus V, Jalan Sumatra 41, Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Bubuhan légen, penyanyi nu sohor tepi ka mancanagara, ana kalacat ka luhur panggung, nu lalajo gé ngangsed, ngagimbung méh hareupeun panggung pisan.

“Assalamu’alaikum, wilujeng wengi baraya sadaya, tepang deui nya sareng primbados,” pokna.

Nyebut ‘pribados’ téh dipelesetkeun jadi primbados. Atuh sawatara inohong nu ngaluuhan acara mungguh seuri kapiasem, kagugu ku heureuyna ieu seniman multi talenta nu gumelar di Bandung, 16 Mei 1963 téh.  

Baca Juga: Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

Méméh ngahaleuang, teu poho ieu penyanyi nu ngaran aslina H. Abdul Wahyu Affandi téh, ngawilujengkeun ka Universitas Pasundan nu umurna geus nincak ka-62.

“Umur nu sawawa, mugia Unpas langkung majeng, langkung nanjung,” pokna nu diaminkeun ku saréréa.

Lagu naon? Nu lalajo ting gerewek, nyebutkeun ngaran lagu nu keur hits ciptaanana.

“Ke, ke heula, ulah waka lagu nu éta, lagu nu alon,  urang tafakur heula ka Nu Ngersakeun,” pokna deui.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x