Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar

- 26 Januari 2023, 09:43 WIB
Doel Sumbang.*
Doel Sumbang.* /Instagram/@doelsumbang_official

GALURA - Lagu Runtah ayeuna-ayeuna keur viral. Loba dihaleuangkeun/dicover ku para penyanyi séjén. Tapi pencipta lagu jeung penyanyi aslina mah teu témbong-témbong, kawas nu nyumput. Ayeuna mah asa arang midang dina televisi, geuning.

“Is, lain arang, leuwih kana off air, nepungan baraya di sawatara kota,” ceuk Doel Sumbang ka Galura, saréngséna manggung dina acara Dies Natalis ka-62 Universitas Pasundan (Unpas), di Kampus V, Jalan Sumatra 41, Kota Bandung, sawatara waktu ka tukang.

Ngawangkong di rohangan Sekjen PB Paguyuban Pasundan, Doel Sumbang balaka, kadieunakeun mah, cenah, pangna arang midang di televisi téh ku lantaran datangna sasalad Covid-19.

Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna

“Ayana pandemi, sim kuring break heula méh dua taun campleng, aya wé di rorompok,” pokna..

Sajaba kumpul jeung kulawarga, Doel leuwih ngadeukeutkeun diri ka Nu Kawasa. Hikmah ayana pandemi, inyana leuwih giat nyiptakeun lagu anyar nu kiwari can diedarkeun.

“Pasar industri musik keur goréng kénéh, Kang,” pokna.

Sajabaning kitu, salila nyepi tina manggung, proses kreatif dirina ngadaur karya laguna nu geus lawas, henteu kateug. “Lagu heubeul keur bisnis digital leuwih ngajangjian, modal promosina henteu beurat,” pokna deui.

Anu pasti, ceuk Doel Sumbang, karya lagu wanda Pop Sunda, moal lantis ku waktu, moal laas ku jaman. “Bakal tetep hirup, dipigandrung ku masarakat, urang mah optimis wé, dienul yakin, komo pandemi ayeuna geus leungit,” pokna.*** 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x