Ayah Lapidin Kungsi Dijieun Naskah Oratorium jeung Dijieun Karya Tari ku Mahasiswa ISBI

- 2 Februari 2023, 13:00 WIB
Ayah Lapidin, taun 2019 dijieun karya tari, ku Iyang Gusti, mahasiswa Pascasarjana Instititut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung.  Judul garapanna: Jawara Senandung Kembang Gadung di Tiang Gantung, tésis S-2 dina wangun karya tari.
Ayah Lapidin, taun 2019 dijieun karya tari, ku Iyang Gusti, mahasiswa Pascasarjana Instititut Seni Budaya Indonésia (ISBI) Bandung. Judul garapanna: Jawara Senandung Kembang Gadung di Tiang Gantung, tésis S-2 dina wangun karya tari. /

Baca Juga: Nugaskeun Tb. Hasanuddin, PDIP P Siap Ngadeudeul Pasanggiri Penca Tradisional

Teuneung ludeung ngabéla jalma anu katideresa, pajuang anu gandang, gagah, tara ingkah sanajan dirempug ku kaom penjajah. Teuas peureup, alus awur, nyaah ka kaom somah, anu ditandasa ku kaom penjajah.

“Ayah Lapidin, ulama anu nyaah kana seni jeung budaya, jalma anu nyantri, nyeni jeung nyakola, nyaah ka jalma anu leutik,” ceuk Iyang Gusti.

Ayah Lapidin teu kabita ku kakayaan jeung jabatan, tékad, ucap jeung lampahna sawirahma jeung ajaran agama katut darigama.

“Ayah Lapidin Teu kagoga ku tahta, jeung harta. Nyaah ka bangsana, ka agamana, ka nagarana jeung kana seni budayana,” ceuk Iyang Gusti.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x