Ciamis Absen, Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa di Kabupaten Bandung Hadiahna Rp 90 Juta

- 27 November 2023, 19:25 WIB
Bubuka Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa ku pintonan tari ti Padepokan Giri Jinawi, Senen (27/11/2023).
Bubuka Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa ku pintonan tari ti Padepokan Giri Jinawi, Senen (27/11/2023). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kabupaten Bandung jadi pribumi Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa. Digelar di Balerame Dom Komplek Gedong Budaya Sabilulungan (GBS) Soreang, Kabupaten Bandung,  27-28 November 2023.

Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa  diiluan ku 15 pamilon dalang wawakil ti kabupaten kota sajawa Barat.
Hajat dua taunan Persatuan Padalangan Indonesia (Pepadi) Jawa Barat teh total hadiahma Rp 90 juta.

Ketua Panitia Pelaksana, nu ogè Kabid Ekononi Kreatif (Ekraf) nu ngajagang Plt Kabid Kebudayaan Disbudpar Kabupaten Bandung, Vena Andriawan nètèlakeun, hadiah sakitu tèh minangka wujud perhatian Bupati Bandung, Dadang Supratna.

Baca Juga: Khanha Shandhika Masrahkeun Mas Bokor Mas Astagina ka Panitia Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa

"Pa Bupati ngalangkungan Pa Kadis Budpar ngarojong kana ngamumulè sareng kamajengan kabudayaan di Kabupaten Bandung, " ceuk Vena.

Vena balaka, hadiah Rp 90 juta tèh jang pinunjul 1 Rp 20 juta, pinunjul 2 Rp 15 juta, pinunjul 3 Rp 10 juta. Iwal ti kitu, juru kawih, pangrawit. sepaket Rp 45 juta.

Wawan nètèlakeun, sakalian nepikeun pangbagèa Bupati Bandung nu halangan hadir dina acara bubuka Binojakrama Padalangan Wayang Golek Purwa.

Bupati Bandung nyebutkeun urang kudu reueus, kesenian wayang golek geus diaku ku UNISCO jadi Warisan Budaya Tak Benda taun 2020.

"Ku kituna tangtos Binojakrama teh salasahiji tarèkah ngamumulè warisan budaya,, hususna dina ngarojong pangwangunan Jawa Barat Juara Lahir Batin, " ceuk Wawan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah