Mangsi Rusiah

- 8 Januari 2024, 21:00 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Budi Riyanto/galura.co.id

Kieu maksudna. Mun hidep aya maksud ngirim pesen, kalawan rasiah. Coba nulis dina kertas, maké pulpén nu geus béak mangsina! Minangka ganti mangsina, anclomken tungtung pulpén téh kana, cuka, atawa peresan jeruk, atawa geutah bawang beureum.

Tutas tungtung pulpén diulasan salah sahiji bahan tadi, sok éta tuliskeun kana kertas bodas, tuluy héar-héarkeun sina garing.  Hasilna dina kertas téh  teu katingal tulisan!

Nah mun geus kitu, éta surat rahasiah téh bikeun ka babaturan, kalawan pesen lisan, engké éta surat rahasiah kudu dibaca bari dicaangan ku cahaya lilin.

Tah engké  ku babaturan, mangsi rahasia nu napel dina kertas bari teu témbong nanaon téh,ngaliwatan cahaya lilin  mah, baris atra tulisan urang téh. “Mangsi rahasia” téh pangaruh kimia tutuwuhan nu nelah, prosés selofan, Kitu kira-kira gawé detektip jaman bihari.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah