Di Kampung Mahmud, Pantrangan Ngingu Soang jeung Nabeuh Goong Diestokeun keneh

- 20 Februari 2023, 12:30 WIB
Kampung Mahmud, di ieu kampung adat pantrangan teu meunang ngingu soang jeung teu meunang nabeuh goong diestokeun keneh. Taya nu wanieun ngarempak.
Kampung Mahmud, di ieu kampung adat pantrangan teu meunang ngingu soang jeung teu meunang nabeuh goong diestokeun keneh. Taya nu wanieun ngarempak. /Sopandi/Galura

GALURA -Kampung Mahmud, nu pernahna di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, aya pantrangan teu meunang ngingu soang jeung teu meunang nabeuh goong atawa gamelan.

Pangna di Kampung Mahmud teu meunang ngingu Soang lantaran ku luluhur Kampung Mahmud, ku Eyang Dalem Haji Abdul Manaf, soang disimbokeun bangsa Belanda. Urang Belanda beuheungna panjang jeung sok gandeng mun keur nyarita, dianggap cowong.

Kumaha pantrangan di Kampung Mahmud teu meunang nabeuh goong atawa gamelan, naon maksudna? Goong atawa gamelan teh simbol kariaan atawa pesta-pesta nu sok dipilampah ku Belanda.

Baca Juga: Pantrangan Nyieun Imah Tembok di Kampung Mahmud Dirarempak, Imah Panggung geus Langka

Ngingu soang sarta ngayakeun kariaan tatabeuhan mah nepi ka danget ayeuna masih kuat dicekel ku masarakat Kampung Mahmud. Anu digelarna teh paling oge terbangan nu eusi rumpakana pupujian.

Tacan aya nu wanieun ngarempak kana pantrangan teu meunang ngingu soang jeung teu meunang nabeuh goong, sarieuneun keneh kana balukarna, sigana, sabab sok aya kajadian nu tumiba ka nu ngarempakna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x